Hatur nuhun kang kanggo pedarananan. Abdi sapagodos sareng kang Oman. Waktos SMP/SMA abdi ge dipiwarang ngapalkeun asmaul husna nu 99. Namung asma nu 99 luyu sareng sifat-sifat wujud, qidam, baqo, jst. Munasabah upami aya sabagian ti urang (kalebet kang Ary Ginanjar sareng tim ESQ training-na) nu nyebat 99 teh, sajabi ti asma, oge sifat Alloh. Sajabi ti asma sareng sifat, asmaul husna oge disebat ku kang Ary Ginanjar "suara hati" sareng "God spot" nu universal aya dina hate urang. Janten asmaul husna diinterpretasikan lebih dari sekedar nama Alloh.
Punten bilih abdi lepat, panglereskeun wae. Salam, Aschev Schuraschev ________________________________ From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, October 30, 2008 8:13:29 PM Subject: Re: [kisunda] Asy Syams Kang Aschev, Sapamahaman si kuring, anu 99 teh lain sifat Pangeran, balikta (tapi, melainkan) Asma Pangeran. Asa nembe ayeuna abdi nguping yen aya 99 sifat Pangeran. Kungsi oge nguping sifat Pangeran teh aya 20 nya anu dina elmu kalam (ti salah sahiji madzhab) disebut sifat anu dua puluh. Beda kacida (bisa jadi ceuk hiji golongan mah: "rada beda", lain "beda kacida") antara "sifat" jeung"asma". Malah, numutkeun salah sahiji madzhab, kecap "sifat" (jeung maksudna-basa Inggrisna: "atribute") teh henteu pas keur Pengeran mah. Anu aya: Zat Pangeran, Asma Pangeran, jeung Padamelan (jieunan atawa "af'al") Pangeran, tapi nyebutkeun "sifat Pangeran" mah teu merenah, ceuk eta madzhab.. Sabab, ayana "sifat" hartina aya anu anyar di Pangeran (nyaeta anu jadi sifatna atawa anu disifatkeunana tea), padahal Pangeran mah azali lan abadi alias Anu Awal jeung Anu Akhir. Dina lebah dieu eta golonga nguatkeun pamadeganana oge ku dalil naqli, upamana wae ayat Al Qur'an anu kieu unina: "Subhana robbika robbil 'izzati 'amma yasifuuna... " anu hartosna: "Maha suci Pangeran anjeun Pangeran anu Maha Luhur tina naon rupa anu disifatkeun ku maranehanana" jeung ayat-ayat anu sawanda (anu Nga-Mahasucikeun Pangeran tina naon rupa anu disifatkeun ku manusa-manusa ka Anjeun-Na). Tapi, ceuk madzhab nu sejenna, Pangeran teh mibanda sifat, nyaeta sifat anu 20 tea (wujud, qidam, baqa, ...jst). Ngan, ka anu 99 mah nyebatna teh "asma" sanes sifat. Kalawan asmana anu pang mindengna disebut-sebut teh nya eta "Alloh anu Maha Welas tur Maha Asih", saperti dina kalimah "Bismillahirohmaani rrohiim". Rada kaarab-araban nya si kuring? ah henteu, heuheu. Sabab, anu keur diuruskeun memang pasoalan bahasa Arab anu dipake dina Al Qur'an (sok sanajan falasifahna mah bisa universal). Kaduana, puguh ti urang Arab oge ayana dua pamahaman anu beda sakumaha anu kasebut di luhur ("sifat" vs "asma" keur Pangeran). Cag manar 2008/10/30 Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>: > Demi matahari dan cahayanya di pagi hari, > dan bulan apabila mengiringinya, > dan siang apabila menampakkannya > dan malam apabila menutupinya > dan langit serta pembinaannya, > dan bumi serta penghamparannya, > dan jiwa serta penyempurnaannya (ciptaannya) , > maka Allah mengilhamkan kepada jiwa itu (jalan) kefasikan dan ketakwaan, > sesungguhnya beruntunglah orang yang menyucikan jiwa itu, > dan merugilah orang yang mengotorinya. > > Q.S. Asy Syams : 1 -10 > Kadenge ieu surah diucapkeun mangpuluh-puluh kali waktu kuring jadi pamilon > training ESQ ti timna Ary Ginanjar dua minggu katukang. Pangeran sumpah nepi > ka tujuh kali saacan nepikeun ayat-ayat satuluyna. > > Kuring jadi kasadarkeun deui yen manusa teh universal dijadikeun wakil > Pangeran di dunya pikeun ngalakonan sipatNa nu 99. Ngan sifat nu 99 > teh sakapeung kalimpudan sabagian atawa sakabehna ku kafasekan saperti anu > disebutkeun dina surah Asy Syams. > > Nya bakal meunang kauntungan jalman anu nyucikeun dirina sarta bakal > rugi jalma anu ngotoran (ngalimpudanana) . > >
