Keur milihan gampar petingan jang midang minggu hareup di buruan wiki,
manggih peta balayar Portugis awal abad ka-16. Boa aya 'Sunda'-an, hanjakal
teu bisa macana. Ti dinya mapay ka kartografi, manggih Tabula Rogeriana
(Peta Roger - Sisili) karya Muhammad Idrisi. Kanyataan sajarah anu matak
hookeun, sabab urang mah lolobana apal teh Arab-Eropah Perang-Salib.
Kanyataan kadua, peta dunya nu lengkep pisan (pikeun jamanna, tengah abad
ka-12) ieu teh karya Muslim, dijadikeun rujukan salila 3 abad tanpa revisi.

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke