Nyaan edun eta Muhammad Idrisi, dina abad ka-12 tos tiasa ngadamel peta dunya. Moal kitu kecap Sunda tos aya dina eta peta? Hanjakal teu kaaos seratanana. Jigana kedah ningali peta aslina di pabukon Bodleian.
________________________________ From: Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]> To: Kusnet <[EMAIL PROTECTED]>; Kisunda <[email protected]>; barayasunda <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Thursday, October 30, 2008 9:03:11 PM Subject: [kisunda] Sunda kawentar ti bihari? Keur milihan gampar petingan jang midang minggu hareup di buruan wiki, manggih peta balayar Portugis awal abad ka-16. Boa aya 'Sunda'-an, hanjakal teu bisa macana. Ti dinya mapay ka kartografi, manggih Tabula Rogeriana (Peta Roger - Sisili) karya Muhammad Idrisi. Kanyataan sajarah anu matak hookeun, sabab urang mah lolobana apal teh Arab-Eropah Perang-Salib. Kanyataan kadua, peta dunya nu lengkep pisan (pikeun jamanna, tengah abad ka-12) ieu teh karya Muslim, dijadikeun rujukan salila 3 abad tanpa revisi. -- sikandar kumincir.blogspot. com
