enya aya-aya bae nya..! endog melamin naon atuh melamin teh mani ear sajagat 
eung, perang dagang atawa enya eta teh pibahayaeun?

perkara varian rasa tea Kang Oca, kieu geura:
eta teh anu tina tilu tools anu aya dina diri urang tea nyaeta: Uteuk, Hate, 
Raga. uteuk keur mikir hate keur ngarasakeun raga keur ihtiarna, dina praktekna 
pan eta teh hese nyampurkeunan ngarah hirup urang hurip. sumangeut, kedul, 
nafsu, deudeuh, karunya, getas sarupateun, pundung, traumatis, wani, instituisi 
 jrrd, pan eta teh ka asup rasa anu dipibanda ku sakumna manusa. tapi lamun ku 
urang dilenyepan naha aya jalema anu junun aya anu henteu, aya anu dipikaresep 
ku batur aya anu dipikangewa padahal tools-na sarua. sawareh bisa ngajaga 
balansing antara dirina jeung balarea sabagian deui berat sabelah, tah tidieu 
ayeuna tugas urang ngatektakna, naon anu matak saurang jalema bisa junun jeung 
bisa kasebut gagal. 

dina rasa: ku kuring dirarasakeun aya rasa anu umum, lumrah karasa ku sakumna 
manusa, saperti rasa deudeuh, sumanget, males, wani, trauma jeung sajabana, aya 
oge rasa anu teu karasa ku sakabeh manusa, saperti instituisi /feeling, ilham, 
ilapat, wangsit kadituna mah meureun anu disebut wahyu tea... kadua varian ieu 
teu lepas tina dua siaft papasangan hade (+) jeung goreng (-), jadi var-A 
/var-1 jeung var-B /var-2 didieu henteu nandakeun "grading" sabab teu aya 
hartina urang boga kamampuan rasa var-B lamun ku urang dipake keur kamadorotan. 

sakitu heula Kang, ngarah teu lieur teuing uingna.

wassalam
dudi_ss
 

  ----- Original Message ----- 
  From: Roza Rahmadjasa Mintaredja 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, October 30, 2008 5:49 AM
  Subject: Re: [kisunda] Endog Rasa Melamin


        aeh,....hampura ka kg nDUD....
        teu katoel rasa Varian kahijina...
        cigana munn digabung jg rasa melamin...
        pasti dijamin leuwih murilit...
        kiiiitu kg Emha...
        he33x!
        ...oca tea..

        --- On Wed, 10/29/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:

          From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
          Subject: Re: [kisunda] Endog Rasa Melamin
          To: [email protected]
          Date: Wednesday, October 29, 2008, 2:45 PM


                taaaah....aya deui Ambuuuu...
                si ambu mah rasa purilit mutilasi...
                ari ieu...nu ieu....aya-aya wae..
                rasa  Melamin.....???
                Asa teu pararuguh ieu teh, kumaaaaha Kg  Emhaaa...?
                kumahaaa kg Uciiir, kg Waluuuy...?
                Untung aya kg Yana...
                anu puguh karasa pidusa na....
                he33x!
                ..oca tea...

               

       


  . 
   

Kirim email ke