nyandung katilu, (tammat!)
babasan jeung guaran ngeunaan nyandung geus nepi tuntung... anu kacindekanana teu aya anu jucung..... lain masalah pro kontrana, sabab amparan teu sarua... angger awewe jadi pelengkap penderita... angger lalaki anu bagja...kumawasa... sugan jg sugan aya anu deuk mamawa warta... yen nyandung teh ngahjikeun RAGA lan RASA... lain sakadar raga lalaki jeung rasa awewe-awewe tapi ngadahupkeun tangtungan Lahir lan Batin... nyandung sabenerna euweuh konotasi negatip... lamun puguh asak sasarna... masalah nyandung teu perlu mamawa gusti... karunya ...nepi ka gusti ngungurus anu kitu... sarua...oge nepi ka ngungurus pananggalan.... sing kahontal ku akal , sing katepi ku ati... geura tengetan eta aturan keur saha, ki adi...? naha jadi nista mun awewe nyanding opat lalaki... siga carita drupadi ku lima lalaki anu lain aki-aki... ogen carita salingkuh, keur lalaki anu teu pengkuh... ogen carita nyate ka anu teu sahate... ka jangji satia, ka jangji pasini di laki rabi paling gampang ngadalil da....geus ti dituna ti nabina ti adamna? masalah manusa kudu diguarna ku kamanusaan!!! diputuskeunana ogen ku kamanusaan... lain masalah ka satoan.... manusa wates ka sato sawareh... wates ka nu marengan sawareh... teu perelu mamawa ka gustian! uin teu rido, tepi ka gusti ngurus nu karitu patut... lamun urg jadi awewe.... kuma rasa awewe dicandung... mun teu bisa ngarasakeun eta... hartina elmu kamanusaanana can hatam! salila can hatam, salila eta manusa deukeut ka sipat sato... elmu kamanusaan... elmu kajero.... lain neang kaluar... nyaliksik ka diri na... bakal sasab lamun neangna ka luar... hampura isun... cag! tutup lawang sigotaka.... rampes nun nyandung masalah manusa lahir lalaki jg rasa adilna di awewe --- On Sat, 11/1/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] Nong Gerak NGAMANIPULASI DATA To: "Urangsunda" <[EMAIL PROTECTED]>, [email protected], [EMAIL PROTECTED] Date: Saturday, November 1, 2008, 3:55 AM > From: "Nong Gerak" <[EMAIL PROTECTED]> > awewe di dunya > estu nyata leuwih loba, Tadina mah teu katarik rek ngometaran postingan Nong gerak, ngan kulantaran tulisanana NGAMANIPULASI DATA, nyebutkeun awewe leuwih loba ti lalaki, ku kuring dibere nyaho, di Indonesia hasil sensus pangkahirna (taun 2000), seks ratio lalaki jeung awewe teh 100.6, hartina babandingan lalaki jeung awewe teh 1006: 1000, jadi lalaki surplus saeutik ( http://www.bps.go.id/sector/population/pop2000.htm) Kulantaran Nong Gerak, nyebutkeun dikamanakeun awewe nu sakitu lobana ari teu dicandung mah, tah ku kuring dibere data seks ratio di nagara-nagara Teluk, dimana aturan nyandung gampang pisan: (Sumber : http://www.census.gov/cgi-bin/ipc/idbsprd) 1. Arab Saudi, lalaki : 15,285,286 awewe : 12,861,371, seks ratio 119 lalaki : 100 awewe [Di Arab Saudi loba nu ngabujang tepi ka kolot, keur mah loba lalaki, ditambahan kabiasaan nyandung] 2.Qatar lalaki: 550,568 awewe: 274,221 seks ratio 200 lalaki : 100 awewe [Di Qatar kuduna mah lain poligami nu diijinkeun, tapi poliandri .....heuheuheu] 3. Kuwait lalaki: 1,570,287 awewe: 1,026,512. Seks ratio 152 lalaki : 100 awewe [Pamarentah Kuwait ngangluh, lalaki Kuwait loba ngawin urang asing, heueuh da meureun teu kabagean] Tah Nong Gerak, ari satuju kana nyandung mah teu nanaon, ngan ulah NGAMANIPULASI DATA, aranna eta teh ngabobodo batur ....... Salam, WALUYA ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
