> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja
> ari tujuh unsur budaya Sunda naon wae?
>  karak bisa ngarti Sunda mu neuleuman opat bab ieu...

Adeuw jadi isin ku Bah Osa ...hehehehe. Ari kuring mah Bah, duka teu pati
ngartos hal-hal nu filosofis mah. Tapi da tetep ngarasa reueus salaku urang
Sunda, resep kasenian Sunda, resep maca buku nu nganggo basa Sunda jeung
kasigeung lamun aya nu sok ngalecehkeun urang sunda KOMO KA WANOJAna mah.

Bah, kirang langkung 4-5 taun kapengker, aya artikel di majalah Male
Emporium  (ME) judulna teh "Dibalik Kecantikan Wanita Sunda". Eta artikel
Bah, kacida ngahinana ka awewe Sunda. Artikel eta dipublikasikeun dina
internet ku cbn. Teras aya nu copy-paste ka kisunda jeung ka Kusnet, bari
dikomentaran manehna satuju kana eusi artikel eta.

Maca eta, jeung maca panganteurna, terus terang kuring ngagidir ambek.
Kuring nelepon kantor cabang cbn di Bandung ngambek bebeakan kanu narima
telepon, nelepon Kang Oman ngabejaan aya artikel eta, jeung menta bantuan
pangnyarekankeun cbn. Magrhib-magrib cbn nelepon ka kuring, menta maaf jeung
janji artikel eta rek dicabut tina portal cbn. Sieuneun ku Kang Oman nu
ngambekna rek nyabut langganan di cbn.

Isukna Kuring, MJ jeung Ua Sas, kuring kukurilingan neangan majalah ME sa
bandung. Tapi kulantaran geus medal sabulan samemehna, majalah edisi nu aya
artikel eta teu aya hiji-hiji acan. Ngumaha ka anggota millis sugan aya nu
gaduh atawa manggihan di tempat sejen teu aya respons. Maksud kuring neangan
edisi eta, rek ditembongkeun ka inohong2 sunda tah aya artikel nu ngahina
harkat martabat wanoja Sunda, moal enya cicing wae.

Kuring frustasi Bah, untung MJ ngupahan ngajak kuring ka kantor majalah
Cupumanik, ngajak patepung jeung Kang Hawe. Nya ngobrol nu akhirna jadi
editorial majalah Cupumanik. 3 bulan saentasna, sigana mah Ibu Chye nu dosen
UPI ngaos editorial cupumanik eta, anjeunna ngadamel artikel nu dimedalkeun
ku Pikiran Rakyat. Rada kuring ngeplong Bah, teu panasaran kuring
gadag-gidig kaditu kadieu,  akhirna aya nu ngarespons kalawan nulis artikel
keur nyanggahna di media anu leuwih gede.

Sanes kuring teu miknyaah Sunda, kuring nyaah pisan. kulantaran nyaah tea
jeung emut yen nasib "sunda" kahareup sabenerna gegedena gumantung ka wanoja
Sunda. Pan maranehna nu bakal ngalahirkeun jeung lolobana ngadidik generasi
Sunda kahareup teh.

Janten hayu urang barelaan nasib Wanoja jeung barudak Sunda!

Baktos,
WALUYA




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke