emh....kg Waluuuuy...uin mani reueus ningal ketakna mani tangginas... taaah...eta anu ku uin disebat prak, numutkeun sakadada sakaduga teh... sakali deui...saluuut... sok sanjan uin can maca artikelna ogen he33x! ..oca tea...
--- On Mon, 11/3/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Re: Nong Gerak NGAMANIPULASI DATA To: [email protected] Date: Monday, November 3, 2008, 1:43 AM > From: Roza Rahmadjasa Mintaredja > ari tujuh unsur budaya Sunda naon wae? > karak bisa ngarti Sunda mu neuleuman opat bab ieu... Adeuw jadi isin ku Bah Osa ...hehehehe. Ari kuring mah Bah, duka teu pati ngartos hal-hal nu filosofis mah. Tapi da tetep ngarasa reueus salaku urang Sunda, resep kasenian Sunda, resep maca buku nu nganggo basa Sunda jeung kasigeung lamun aya nu sok ngalecehkeun urang sunda KOMO KA WANOJAna mah. Bah, kirang langkung 4-5 taun kapengker, aya artikel di majalah Male Emporium (ME) judulna teh "Dibalik Kecantikan Wanita Sunda". Eta artikel Bah, kacida ngahinana ka awewe Sunda. Artikel eta dipublikasikeun dina internet ku cbn. Teras aya nu copy-paste ka kisunda jeung ka Kusnet, bari dikomentaran manehna satuju kana eusi artikel eta. Maca eta, jeung maca panganteurna, terus terang kuring ngagidir ambek. Kuring nelepon kantor cabang cbn di Bandung ngambek bebeakan kanu narima telepon, nelepon Kang Oman ngabejaan aya artikel eta, jeung menta bantuan pangnyarekankeun cbn. Magrhib-magrib cbn nelepon ka kuring, menta maaf jeung janji artikel eta rek dicabut tina portal cbn. Sieuneun ku Kang Oman nu ngambekna rek nyabut langganan di cbn. Isukna Kuring, MJ jeung Ua Sas, kuring kukurilingan neangan majalah ME sa bandung. Tapi kulantaran geus medal sabulan samemehna, majalah edisi nu aya artikel eta teu aya hiji-hiji acan. Ngumaha ka anggota millis sugan aya nu gaduh atawa manggihan di tempat sejen teu aya respons. Maksud kuring neangan edisi eta, rek ditembongkeun ka inohong2 sunda tah aya artikel nu ngahina harkat martabat wanoja Sunda, moal enya cicing wae. Kuring frustasi Bah, untung MJ ngupahan ngajak kuring ka kantor majalah Cupumanik, ngajak patepung jeung Kang Hawe. Nya ngobrol nu akhirna jadi editorial majalah Cupumanik. 3 bulan saentasna, sigana mah Ibu Chye nu dosen UPI ngaos editorial cupumanik eta, anjeunna ngadamel artikel nu dimedalkeun ku Pikiran Rakyat. Rada kuring ngeplong Bah, teu panasaran kuring gadag-gidig kaditu kadieu, akhirna aya nu ngarespons kalawan nulis artikel keur nyanggahna di media anu leuwih gede. Sanes kuring teu miknyaah Sunda, kuring nyaah pisan. kulantaran nyaah tea jeung emut yen nasib "sunda" kahareup sabenerna gegedena gumantung ka wanoja Sunda. Pan maranehna nu bakal ngalahirkeun jeung lolobana ngadidik generasi Sunda kahareup teh. Janten hayu urang barelaan nasib Wanoja jeung barudak Sunda! Baktos, WALUYA ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
