Duka benerna kumaha, da kuring mah teu pati apal kumaha prakprakan
ngalarapkeun UU.

Anu kaharti ku kuring, pasal 1 mah ukur definisi, ari sual larangan &
watesan mah aya dina Bab II, jelas diwincik hiji2 naon2 wae anu ngarumpak
ieu UU.

On Tue, Nov 4, 2008 at 11:52 AM, Waluya wrote:

> > From: ua duq
> > 1.Pornografi adalah materi seksualitas yang dibuat oleh manusia dalam
> > bentuk gambar, sketsa, ilustrasi, foto, tulisan,
> > suara, bunyi, gambar bergerak, animasi, kartun, syair, percakapan, gerak
> > tubuh, atau bentuk
> >  pesan komunikasi lain melalui berbagai bentuk media komunikasi dan/atau
> > pertunjukan di muka umum, yang dapat
> >  membangkitkan hasrat seksual dan/atau melanggar nilai-nilai kesusilaan
> > dalam masyarakat.
>
> Ceuk kuring mah pasal 1 memang rada masalah, pangpangna perkara "gerak
> tubuh" nu ngahudangkeun birahi. Ieu bisa dipake newakkan saha wae nu
> ugal-igel di muka umum, terus dianggap ngahudangkeun birahi. Contona
> jaipongan .....saha nu terang aya nu kahudang birahina, terus lapor ka
> pulisi....meureun ditarewakan tah penari jaipongan teh. Kitu deui lalaki nu
> ugal-igel dina jaipong atawa ketuk tilu, kadang-kadang gerakna teh sok
> aneh-aneh, nu bisa dianggap gerak seksual .....

Kirim email ke