Ku kuring rada kaharti nu ngarasa beurat narima sababaraha depinisi pornograpi
ngan lamun dilenyepan deui
lamun euweuh UU ieu atawa depinisina eta
kumaha urang bisa nyarek sabangsa DANGDUT MAK LAMPIR
anu di medan, anu di makasar jeung anu sajinisna
apal meureun kumaha dangdutna ... maenya tara lalajo tipi
enya ge disensor
maranehna teh pan teu susulumputan deui ...
sigana nu kitu nu dimaksud ku nu nyieun UU teh ...
soal jaipongan ? kuring ge baheula tukang dagang ugal igel
malah geus ka sumatra jeung bali sagala ... masing amatiran ge
tapi da angger we satuju kana UU ieu teh
jaipongan bisa dibeberes ... teu kudu ngumbar sahwat
cukup ku ngumbar seni na tina gerak ...
kumaha cenah lamun jaipongan teu bisa di beberes ....
cukup ku tinggalkeun wae ....
da teu sakabeh produk budaya kudu dimumule ceuk kuring mah
pilihan atawa beberes .... res ... res ...lessss ....
On 11/4/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > From: ua duq
>
> > 1.Pornografi adalah materi seksualitas yang dibuat oleh manusia dalam
> > bentuk gambar, sketsa, ilustrasi, foto, tulisan,
> > suara, bunyi, gambar bergerak, animasi, kartun, syair, percakapan, gerak
> > tubuh, atau bentuk
> > pesan komunikasi lain melalui berbagai bentuk media komunikasi dan/atau
> > pertunjukan di muka umum, yang dapat
> > membangkitkan hasrat seksual dan/atau melanggar nilai-nilai kesusilaan
> > dalam masyarakat.
>
>
> Kang Dud, caritana aya nu nanggap organ tunggal waktu sunatan. Biasa pan si
> penyanyi organ tunggal mah ari ngahaleuang teh bari gutak-gitek. Cilaka nu
> lalajo aya pak Pulisi nu ngarti UU Porno ...jeung kabeneran deuih, manehna
> ngarasa kahudang birahina ningali panyanyi nu awakna "semlohey" bari
> gutak-gitek. Teu antaparah deui pa Pulisi newak si Penyanyi, bari ngomong
> siga pulisi Amerika : "Anjeun ngalawan hukum nagara Republik Indonesia, UU
> Porno pasal 1, buktina ....ieu kuring tepi ka leumpang oge .....egang!"
>
> Ceuk kuring mah pasal 1 memang rada masalah, pangpangna perkara "gerak
> tubuh" nu ngahudangkeun birahi. Ieu bisa dipake newakkan saha wae nu
> ugal-igel di muka umum, terus dianggap ngahudangkeun birahi. Contona
> jaipongan .....saha nu terang aya nu kahudang birahina, terus lapor ka
> pulisi....meureun ditarewakan tah penari jaipongan teh. Kitu deui lalaki nu
> ugal-igel dina jaipong atawa ketuk tilu, kadang-kadang gerakna teh sok
> aneh-aneh, nu bisa dianggap gerak seksual .....
>
> Tapi da geus sah, untung uing mah teu resep ugal-igel ...heuheuheu
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/