Taqdir Taqdir teu beunang dipungkir, kadar teu beunang disinglar, cenah cek paribasa Sunda. Naon cenah hartina eta paribasa teh ? Naon wae anu Tos ditangtoskeun Ku Nu Maha Kawasa, urang moal tiasa ngahalangan. Eta hartos nu dipiiman ku urang Islam sacara Umum. Kumaha cenah anu sajatina Taqdir ? Tah ieu mah Mung Gusti Allah anu Uninga; ngan urang kudu ngagunakeun akal pikiran pikeun nyoba nyoba ngarti ka na eta masalah Taqdir. Da Usahana nu bakal di peunteun ku Gusti Allah mah lain HASILNA. Taqdir teh definisina nya eta sagala hal anu geus kajadian. ( completely done ). Jadi memang ana kitu mah, pasti teu bisa dirobah deui; da kangaranan Taqdir teh kalakuan anu geus dilakukeun atawa geus kaalaman ku urang; nu can kajadian mah teu bisa disebut Taqdir. Tah kumaha ayeuna usaha manusa? Usaha manusa teh loba nu ngawatesanana: antarana kurang kanyaho atawa dhoif tea; jeung lain lainna deui kakurangan; nu pasti memang manusa mah sumber kakurangan tea. Tah ayeuna usaha urang teh nya eta sabisa bisa satekah polah ngintip naon anu bakal tumiba ka urang; da lamun geus tumiba mah moal bisa diusahakeun; da nyeta enggeus tea. Cek pamanggh kuring nu bodo balilu, Taqdir teh dibagi dua; nya eta : Qadha jeung Qadar. Ari Qadha Program Allah sagemblengna pikeun manusa; nya eta tulisan alternaif pikeun satiap individuu manusa; ari Qadar nya eta pilian ti na Qadha eta. Naon atuh ari Qadar teh ? Nya eta pilihan manusa tina rebuan Qadha ( Program Allah ) anu diserat di Lauh Mahfudz ); jadi manusa bpga hak nangtukeun pilihan tina rebuan qadha anu disadiakeun, mun geus dipilih, maka jadi Taqdir tea. Teraskeuneun
