Gamparan,

KUring URANG SUNDA
lahir di Sunda
gede di Sunda 
dahar - hirup nepi ka KOLOT meh ngarampeol tetep SUNDA
nya numatak Kuring ge nyekel SUNDA
SUNDA jati indung pituin kuring 
lain ngan ukur kurungan tapi oge jerona

ETA oge TAQDIR --- TEGES KACIDA

SUNDA > ayeuna nyingkur -disingkurkeun = kasingkurkeun
naha bet teu meunang nincak na taneuh diri kakayaan INDUNG
naha?

Sunda > mayang sagara pamulangan 

Tabe pun 
AMBU 




________________________________
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: kisunda <[email protected]>
Sent: Friday, November 7, 2008 1:48:20 PM
Subject: [kisunda] TAQDIR-1


Taqdir 
  
Taqdir teu beunang dipungkir, kadar teu beunang disinglar, cenah cek paribasa 
Sunda. Naon cenah hartina eta paribasa teh ? Naon wae anu Tos ditangtoskeun Ku 
Nu Maha Kawasa, urang moal tiasa ngahalangan. Eta hartos nu dipiiman ku urang 
Islam sacara Umum. Kumaha cenah anu sajatina Taqdir ? Tah ieu mah Mung Gusti 
Allah anu Uninga; ngan urang kudu ngagunakeun akal pikiran pikeun nyoba nyoba 
ngarti ka na eta masalah Taqdir. Da Usahana nu bakal di peunteun ku Gusti Allah 
mah lain HASILNA.  
  
Taqdir teh definisina nya eta sagala hal anu geus kajadian. ( completely done 
). 
Jadi memang ana kitu mah, pasti teu bisa dirobah deui; da kangaranan Taqdir teh 
kalakuan anu geus dilakukeun atawa geus kaalaman ku urang; nu can kajadian mah 
teu bisa disebut Taqdir. 
  
Tah kumaha ayeuna usaha manusa? Usaha manusa teh loba nu ngawatesanana: 
antarana kurang kanyaho atawa dhoif tea; jeung lain lainna deui kakurangan; nu 
pasti memang manusa mah sumber kakurangan tea. Tah ayeuna usaha urang teh nya 
eta sabisa bisa satekah polah ngintip naon anu bakal tumiba ka urang; da lamun 
geus tumiba mah moal bisa diusahakeun; da nyeta enggeus tea. 
  
Cek pamanggh kuring nu bodo balilu, Taqdir teh dibagi dua; nya eta : Qadha 
jeung Qadar. Ari Qadha Program Allah sagemblengna pikeun manusa; nya eta 
tulisan alternaif pikeun satiap individuu manusa; ari Qadar nya eta pilian ti 
na Qadha eta. Naon atuh ari Qadar teh ? Nya eta pilihan manusa tina rebuan 
Qadha ( Program Allah ) anu diserat di Lauh Mahfudz ); jadi manusa bpga hak 
nangtukeun pilihan tina rebuan qadha anu disadiakeun, mun geus dipilih, maka 
jadi Taqdir tea.  
  
Teraskeuneun 
    


      

Kirim email ke