Punten kulan ngiring ngawangkong....
Eta patarosan teh parantos medal ti jaman purba, malih mah numawi jaranten Nabi 
sareng Rosul oge kawitna mah mapay laratan diri... teras kaayeunakeun digarap 
janten proyek badag pisan ku bangsa deungeun mah nyaeta paroyek Antariksa, 
anggaran nana oge milyaran dollar, ekplorasi Jagat Raya...... bakat ku hoyong 
muka misteri alam jeung kahirupan....
Einstein mah sajabi gogodeg teu kaharti teh make jeung ngadamel experimen teras 
ngutak ngatik matematik sareng fisika dugi ka mendakan rumus energi tina dzat 
anu leungit...nya janten we bom atum anu sakitu hebatna........ Saur anjeunna 
ieu alam teh siga balon kacida badagna....malah ceuk teori Bitu Badag (Big 
Bang) umur dunya urang teh tos kirang langkung 16 milyar taun (taun urang), ari 
kahirupan manusa mah enggal keneh, malah manusa anu deukeut jeung tabeat sato 
asalna ti Tanah Sunda (Sunda Land) k.l. 2 juta taun kapengker. Ari manusa anu 
siga urang ayeuna teu acan lami, nembe kitulah 100.000 tahunan. Upami dietangna 
ti lungsurna Kangjeng Nabi Adam, saur ulama ieu mah, nembe kana 15-20 rebu 
tahunan. Janten dibandingkeun sareng yuswa dunya, manusa mah kakara 
jol.....ulah waka disebat kolot dunya teh....
Tah ngabahas kajadian Alam Semesta wae masih tahap.....meureun! sadayana masih 
keneh....sugan! Teori-teori masih keneh can bukti.......! Atuh komo nalungtik 
Gusti.....moal aya anu dugi......sadayana ngan semet susuganan........
Tapi aya jalan kaluarna, nyaeta kedah ku ahli seni anu lemes hate jembar rasa 
lega wawasan nana, saur sdrk Sarabunis Mubarok ti Singa Parna mah. Da eta pisan 
kapan anu janten emutan Kangjeng Nabi Muhammad sareng para Nabi oge, kumaha 
ngadugikeun pangalaman batinna pikirna ka masyarakat awam.......sesah 
pisaaannnnn!
Tuluyna nya ngadaramel puisi, sajak sareng siloka dugi ka 
sasmitana....... NYANGGAKEUEUNN!

--- On Sat, 11/8/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Re: Fwd: Re: Taqdir-2 Kanggo nucinta (gan agus )
To: "kisunda" <[email protected]>
Cc: "urangsunda" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Saturday, November 8, 2008, 5:09 AM











Urang teh ti mana nya ? Naha aya di Indon ? Di Indonna ge naha aya di sunda ?
Naha uang bisa milih ? ti baheula wakteu keu orok ? Naha uang lahir lain di 
USA, nagara badag ? Naha bisa nangtukeun pilihan ti anggalna ? Ku naon bet 
urang teh jadi anak tukang beca ? Lain anak Presiden ? Naha bisa nangtukeun 
pilihan ?
Tah sanyatana pertanyaan ieu nu loba mawa ka jelema nu sok malikir ngudag atawa 
milari Nu Maha Kawasa. Da geuning urang mah enyaan dhoifna; enyaan bodo 
baliluna teh.
 
Ku naon eta panonpoe muncul deui muncul deui sanggeus leungit ti peuting ? 
Akhirna eeeeuuuh dunya nu muter....... ......... . trus bintang2 di jagat 
............ . sanggeus meunang pituduh ku parantaraan "Ilmuwan" nu dipasihan 
piuduh ti Gusti Allah keur kanyaho sakabeh manusa nu daek mikir, maka....... ku 
naon eta mani beres kitu aturanana ? nu hiji jeung nu sejenna deui aya patula 
patalina kalawan hamonis posan.
Naon nya sababna ?
 
Ilmuwan teh jalma2 nu meunang ituduh ti Gusti Allah, masing bari jeung teu 
mikir ka dinya oge; da Gusti Allah mah Wenang; mere pituduh teh ka saha wae; 
tapi nu penting aya USAHA jeyng ngagunakeun akalna ? Ku naon ari Umat Islam ? 
Ngaredul tuda. api masing kalah kumaha oge manehna tetep meunang mangpaat ti 
Ilmwan teh, lantaran naon ? Lantaran sadayana oge Ilmu ti Allah.. Teu paduli 
sadar henteuna mah.
 
Bilih panjang teuing, masing kakara cangkang oge, dui ka dieu heula pedaran 
teh, engke sanes waktos disambung deui.
Abbas Amin 

--- On Fri, 11/7/08, abas_amin08 <abas_amin08@ yahoo.com> wrote:

From: abas_amin08 <abas_amin08@ yahoo.com>
Subject: Fwd: Re: Taqdir-2
To: abas_amin08@ yahoo.com
Date: Friday, November 7, 2008, 9:49 PM

--- In [EMAIL PROTECTED] .com, "agus" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

lieur pisan ieu pedaran,... beurat pisan,....

tos dibaca bolak balik,...
rada ngarti saeutik,...
dibaca deui,......

kasimpulanana, nyarioskeun Dzat-Anjeuna, ... kedah sabari nutup mata,
ngarasakeun nu aya dijero diri.

kadang jadi sok hayang ceurik, kadang gumbira, kadang tenang kadang
resah ku rea nu teu nyaho,....

hayu atuh urang neangan Gusti.
ku pangarti nu mana? nu ti karuhun atawa nu ti arab, nu ti jero batu
atawa nu di jero hulu,...    cik atuh, Gusti teu kamana mana,
aya di masing diri.
mun teu kapanggih wae,.... carekan weh diri nyalira,...
naha atuh beut sibuk ngurus dunia. nu moal beak beak dikerok kanu
bukur bukurna,...

neangan sunda,.. dek nepi kamana?
neangan digjaya dek nepi paeh di nu fana di beulah mana? di medan
perang atawa di golodog tatangga nu janda?

hayang dek ciga kresna atawa yudistira?
boa boa ngan jadi rahwana parahna jadi dorna....

ngukur diri, jadi dawala weh nya,... meh bisa gugat ka dewata.

dewata cenah siliwangi,.. ..

kagok asong,... tuluykeun gugatna....

tuntut catatanana,. .. ajak seuri weh da ciga adi ka lanceukna

ieu tulisan nepi ngaleor kamana.... teu puguh awal jeung ujungna,
karunya nu maca jadi gogodeg huluna,

maca ngacapruk budak baong nu keur lieur utekna.

=nananana=

nb:
abah abas,... nyungkeun di pedar,dianalisa. ..
"bener teu, manusa utama, sabab dibere kasempatan keur nentukeun jalan
hirupna"  walaupun aya takdir jeung kodar na,...
tah,... nyungkeun di mairan,nun.. ..
nuhun sateuacana,. ...


--- In [EMAIL PROTECTED] .com, "abas_amin08" <abas_amin08@>
wrote:
>
> AA: Itu adalah hukum didalam Alam Semesta; dan Allah itu diluar
Alam
> Semesta; Dia meliputi seluruh Alam Semesta
> Dulunya tak ada apa ap KECUALI DIA saja Tunggal ; kemudian dia
> menciptakan didalam dirinNya suatu Ruang hampa; diciptakan Kabut
> berpilin dan dibuatkan Proses supaya berevolusi sehingga terjadilam
> Matahari; jutaan bintang2 planit dan segala Isinya. Maka Allah
diluar
> semua hukum Alam. Dialah Yang Menciptakan Hukum Alam sehimgga semua
> saling berputar; diangkasa dst dst.
> Maka Hukum Alam yang dicptakan Tuhan Juga; tak berlaku bagiNYA.
> Dia Maha segalaNya; Dzul Jala Li Wal Ikram
>
> --- In [EMAIL PROTECTED] .com, richadiana kartakusuma
> <richadianakartakusu ma@> wrote:
> >
> > ada dan tiada
> > ada berada karena sang tiada
> > maka tidak akan ada jikalau tak ada sang tiada
> > maka ada dan tiada berlangsung secara dialektis
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > ____________ _________ _________ __
> > From: Abbas Amin <abas_amin08@>
> > To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED] ups.com>
> > Cc: kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com>
> > Sent: Friday, November 7, 2008 6:42:04 PM
> > Subject: [kisunda] Taqdir-2
> >
> >
> > Taqdir-2
> >
> > Tiap hiji jelema unggal rek ngalengkah nyanghareupan ratusan
atawa
> rebuan Qadha ; tah wktu milih, eta teh Qadar, jadi masing tetap
> sadayana oge tos diserat di lauh mahfudz; tapi ari nu jadina mah
ngan
> ukur hiji ! Tah nu hiji teh Taqdir.
> >
> > Jadi mun dipesek deui Taqdir teh hiji tindakan anu dijalankeun ku
> manusa hasil tina pilihan; tapi naon wae nu dipilih ku manusa
> sadayana oge tos kaununga ku Gusti Nu Maha Suci; da sadayana oge
tos
> aya dina programna.
> >
> > Jadi Taqdir teh sami sareng lengkah CATUR; sakapeung pilihan
urang
> teh hade pisan; sakapeun nyoledat; tah pikeun ieu aya cara
ngurangan
> kasalahan nya eta seing ngadu¢a Ihdinas shiraatal mustaqiem tea.
Anu
> hartina pisan mah Yaa Allah ulah nyalahan abdi ngalengkah teh, mugi
> alternatif nu dipilih ku abdi teh anu pangtepatna.
> >
> > Satiap adha teh , terusanan nyangjareupan deui alternatif sejen
> deui ; tapi tetep tina rebuan qadha ngan hiji nu bisa dipilih
kalawan
> ratusan variant nu bakal tumiba; eta sadaya parantos diprogram ku
> Allah.
> >
>

--- End forwarded message ---



 














      

Kirim email ke