Dangdanggula deui bae
Mimitina Ar Rahman Ar Rahim,
nya Al Malik Al Quddus As Salam,
eta asma Allah keneh,
Al Mu'min oge katut,
terasna mah Al Muhaimin,
Al Mutakabir Al Jabbar,
sareng Al Bariu,
Al Musawwir lan Al Ghofar,
ditambihan ku Al Khaliq lan Al Hafidz,
Asma Allah nu endah








--- In [email protected], Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Punten paralun neda ditawakup ka Sdrk Sarabunis.....sanes lauk 
buruk milu mijah..ieu mah hiburan...manawi sasieureun sabeunyeureun 
urang silih simbeuhan......
> Manawi tiasa dianggo pangbebenjo anu nuju pogot ka pageto.....he..he
>                                                  
>                                                  DANGDANGGULA
>                                                  Dangdingan AMS, 
1995
>                                                   
>                                                   (Kentar Ajun)
>                                                   
> Patarosan:                               Na dimana kiwari diri 
mandiri,
> Timana jeung kamana nya lunta,
> teu weleh nalengteng bae,
> padahal kedah maklum,
> ku silib di lebet siki,
> mataholang jeung tangkalna,
> siloka nu Agung,
> wenang teu sawenang-wenang,
> ngahijina teu ngajirim jadi diri,
> Ghaib dina Arasy-Na.
>  
>  
>                                                  (Mangari)
>  
> Pangwalerna:                        Tuh tingali dina lebet siki,
> kahirupan anu matak heran,
> nyumput buni teu katembong,
> saat waktuna cunduk,
> ngulisik semu nu surti,
> medal akar sumarambat,
> jol daun melentung,
> teu kungsi aya nu nitah,
> mataholang mindah rupa ganti jirim,
> jadi tangkal sampurna.
> 
> 
> --- On Sat, 11/8/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [kisunda] Re: Fwd: Re: Taqdir-2 Kanggo nucinta (gan agus )
> To: "kisunda" <[email protected]>
> Cc: "urangsunda" <[EMAIL PROTECTED]>
> Date: Saturday, November 8, 2008, 5:09 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Urang teh ti mana nya ? Naha aya di Indon ? Di Indonna ge naha aya 
di sunda ?
> Naha uang bisa milih ? ti baheula wakteu keu orok ? Naha uang lahir 
lain di USA, nagara badag ? Naha bisa nangtukeun pilihan ti 
anggalna ? Ku naon bet urang teh jadi anak tukang beca ? Lain anak 
Presiden ? Naha bisa nangtukeun pilihan ?
> Tah sanyatana pertanyaan ieu nu loba mawa ka jelema nu sok malikir 
ngudag atawa milari Nu Maha Kawasa. Da geuning urang mah enyaan 
dhoifna; enyaan bodo baliluna teh.
>  
> Ku naon eta panonpoe muncul deui muncul deui sanggeus leungit ti 
peuting ? 
> Akhirna eeeeuuuh dunya nu muter....... ......... . trus bintang2 di 
jagat ............ . sanggeus meunang pituduh ku 
parantaraan "Ilmuwan" nu dipasihan piuduh ti Gusti Allah keur kanyaho 
sakabeh manusa nu daek mikir, maka....... ku naon eta mani beres kitu 
aturanana ? nu hiji jeung nu sejenna deui aya patula patalina kalawan 
hamonis posan.
> Naon nya sababna ?
>  
> Ilmuwan teh jalma2 nu meunang ituduh ti Gusti Allah, masing bari 
jeung teu mikir ka dinya oge; da Gusti Allah mah Wenang; mere pituduh 
teh ka saha wae; tapi nu penting aya USAHA jeyng ngagunakeun akalna ? 
Ku naon ari Umat Islam ? Ngaredul tuda. api masing kalah kumaha oge 
manehna tetep meunang mangpaat ti Ilmwan teh, lantaran naon ? 
Lantaran sadayana oge Ilmu ti Allah.. Teu paduli sadar henteuna mah.
>  
> Bilih panjang teuing, masing kakara cangkang oge, dui ka dieu heula 
pedaran teh, engke sanes waktos disambung deui.
> Abbas Amin 
> 
> --- On Fri, 11/7/08, abas_amin08 <abas_amin08@ yahoo.com> wrote:
> 
> From: abas_amin08 <abas_amin08@ yahoo.com>
> Subject: Fwd: Re: Taqdir-2
> To: abas_amin08@ yahoo.com
> Date: Friday, November 7, 2008, 9:49 PM
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED] .com, "agus" <nucinta@> wrote:
> 
> lieur pisan ieu pedaran,... beurat pisan,....
> 
> tos dibaca bolak balik,...
> rada ngarti saeutik,...
> dibaca deui,......
> 
> kasimpulanana, nyarioskeun Dzat-Anjeuna, ... kedah sabari nutup 
mata,
> ngarasakeun nu aya dijero diri.
> 
> kadang jadi sok hayang ceurik, kadang gumbira, kadang tenang kadang
> resah ku rea nu teu nyaho,....
> 
> hayu atuh urang neangan Gusti.
> ku pangarti nu mana? nu ti karuhun atawa nu ti arab, nu ti jero batu
> atawa nu di jero hulu,...    cik atuh, Gusti teu kamana mana,
> aya di masing diri.
> mun teu kapanggih wae,.... carekan weh diri nyalira,...
> naha atuh beut sibuk ngurus dunia. nu moal beak beak dikerok kanu
> bukur bukurna,...
> 
> neangan sunda,.. dek nepi kamana?
> neangan digjaya dek nepi paeh di nu fana di beulah mana? di medan
> perang atawa di golodog tatangga nu janda?
> 
> hayang dek ciga kresna atawa yudistira?
> boa boa ngan jadi rahwana parahna jadi dorna....
> 
> ngukur diri, jadi dawala weh nya,... meh bisa gugat ka dewata.
> 
> dewata cenah siliwangi,.. ..
> 
> kagok asong,... tuluykeun gugatna....
> 
> tuntut catatanana,. .. ajak seuri weh da ciga adi ka lanceukna
> 
> ieu tulisan nepi ngaleor kamana.... teu puguh awal jeung ujungna,
> karunya nu maca jadi gogodeg huluna,
> 
> maca ngacapruk budak baong nu keur lieur utekna.
> 
> =nananana=
> 
> nb:
> abah abas,... nyungkeun di pedar,dianalisa. ..
> "bener teu, manusa utama, sabab dibere kasempatan keur nentukeun 
jalan
> hirupna"  walaupun aya takdir jeung kodar na,...
> tah,... nyungkeun di mairan,nun.. ..
> nuhun sateuacana,. ...
> 
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED] .com, "abas_amin08" <abas_amin08@>
> wrote:
> >
> > AA: Itu adalah hukum didalam Alam Semesta; dan Allah itu diluar
> Alam
> > Semesta; Dia meliputi seluruh Alam Semesta
> > Dulunya tak ada apa ap KECUALI DIA saja Tunggal ; kemudian dia
> > menciptakan didalam dirinNya suatu Ruang hampa; diciptakan Kabut
> > berpilin dan dibuatkan Proses supaya berevolusi sehingga 
terjadilam
> > Matahari; jutaan bintang2 planit dan segala Isinya. Maka Allah
> diluar
> > semua hukum Alam. Dialah Yang Menciptakan Hukum Alam sehimgga 
semua
> > saling berputar; diangkasa dst dst.
> > Maka Hukum Alam yang dicptakan Tuhan Juga; tak berlaku bagiNYA.
> > Dia Maha segalaNya; Dzul Jala Li Wal Ikram
> >
> > --- In [EMAIL PROTECTED] .com, richadiana kartakusuma
> > <richadianakartakusu ma@> wrote:
> > >
> > > ada dan tiada
> > > ada berada karena sang tiada
> > > maka tidak akan ada jikalau tak ada sang tiada
> > > maka ada dan tiada berlangsung secara dialektis
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > ____________ _________ _________ __
> > > From: Abbas Amin <abas_amin08@>
> > > To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED] ups.com>
> > > Cc: kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com>
> > > Sent: Friday, November 7, 2008 6:42:04 PM
> > > Subject: [kisunda] Taqdir-2
> > >
> > >
> > > Taqdir-2
> > >
> > > Tiap hiji jelema unggal rek ngalengkah nyanghareupan ratusan
> atawa
> > rebuan Qadha ; tah wktu milih, eta teh Qadar, jadi masing tetap
> > sadayana oge tos diserat di lauh mahfudz; tapi ari nu jadina mah
> ngan
> > ukur hiji ! Tah nu hiji teh Taqdir.
> > >
> > > Jadi mun dipesek deui Taqdir teh hiji tindakan anu dijalankeun 
ku
> > manusa hasil tina pilihan; tapi naon wae nu dipilih ku manusa
> > sadayana oge tos kaununga ku Gusti Nu Maha Suci; da sadayana oge
> tos
> > aya dina programna.
> > >
> > > Jadi Taqdir teh sami sareng lengkah CATUR; sakapeung pilihan
> urang
> > teh hade pisan; sakapeun nyoledat; tah pikeun ieu aya cara
> ngurangan
> > kasalahan nya eta seing ngadu¢a Ihdinas shiraatal mustaqiem tea.
> Anu
> > hartina pisan mah Yaa Allah ulah nyalahan abdi ngalengkah teh, 
mugi
> > alternatif nu dipilih ku abdi teh anu pangtepatna.
> > >
> > > Satiap adha teh , terusanan nyangjareupan deui alternatif sejen
> > deui ; tapi tetep tina rebuan qadha ngan hiji nu bisa dipilih
> kalawan
> > ratusan variant nu bakal tumiba; eta sadaya parantos diprogram ku
> > Allah.
> > >
> >
> 
> --- End forwarded message ---
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke