> From: "agus" <[EMAIL PROTECTED]>
> raos pisan eta panen
> media, ... kunaon media meni pa hebat2 ngaliput? panen sponsor, panen
> rating.
Bener Kang, media di urang, pangpangna media TV asa kaleuleuwihi. Eksekusi
Amrozy cs digede-gedekeun, tepi ka jelema teh poho kana kalakuan Amrozy.
Media TV diurang bisa ngabelokkeun opini, tinu salah jadi bener. Tadi
peuting aya wawancara dina TVone (salah sahiji media nu kacida pisan
ngabejakeun Amrozy), si Nara Sumber rada nyalahkeun media TV, tapi dijawab,
pan cenah masyarakat bisa nyeleksi nu mana nu bener jeung nu mana nu salah.
Enya ari kituna mah, ngan ari kaleuleuwihi mah bisa ngabelokkeun opini
ditambah deuih masyarakat diurang tadina lain masyarakat nu meunang
informasi kalawan alus, tapi masyarakat nu kurang informasi. KABIASAAN MACA
di urang masih HANDAP. Ari ayeuna teu sirikna unggal menit, dicekok ku
informasi rupa-rupa. Akhirna teu bisa ngawilah-wilah, opini bisa belok,
ngabenerkeun nu salah.
Media diurang oge, kurang TATA KRAMA (etika). Dina kasus Syekh Puji,
sakuduna budak nu dikawin ku Syekh Puji, aranna DISAMARKEUN jeung teu kudu
disorot ku TV sagala. Kuring satuju kasus Syekh Puji di Blow up, keur conto
ka masyarakat, tapi budakna ulah dikorbankeun atuh!
Jeung loba deui, kaasup tayangan satpol/pulisi nguber-nguber ungkluk. Rasa
kamanusaan asa ditincak nempo awewe (sanajan ungkluk) diuber-uber, lumpat
kanu bala, bray lampu sorot kamera nyorot kanu bala, aya awewe keur
cingogo bari papakean saayana. Bring diabringkeun kana treuk .....siga
newakan anjing liar dina pelem-pelem .......
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/