kakuatan hawa nafsu aya di media informasi ,kang....
nurani rakyat di ulinkeun.
eta hiji kakuatan nu hese dilawan.
siapakah dibalik media masa indonesia yg sbenarnya?
cendana, amerika, atanapi yahudi?... walahu alam. cigana mah jurig.

mun islam-bener sunda-bener nu nguasai media masa,...
insya Alloh teu kudu ku senjata, gemah ripah loh jinawi tiasa optimis.

keep hoping. 

=roch=

--- On Mon, 11/10/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: Cobi toong geura leres ieu teh;
To: [email protected]
Date: Monday, November 10, 2008, 12:12 PM










    
            > From: "agus" <[EMAIL PROTECTED] com>

> raos pisan eta panen

> media, ... kunaon media meni pa hebat2 ngaliput? panen sponsor, panen

> rating.



Bener Kang, media di urang, pangpangna media TV asa kaleuleuwihi. Eksekusi 

Amrozy cs digede-gedekeun, tepi ka jelema teh poho kana kalakuan Amrozy. 

Media TV diurang bisa ngabelokkeun opini, tinu salah jadi bener. Tadi 

peuting aya wawancara dina TVone (salah sahiji media nu kacida pisan 

ngabejakeun Amrozy), si Nara Sumber rada nyalahkeun media TV, tapi dijawab, 

pan cenah masyarakat bisa nyeleksi nu mana nu bener jeung nu mana nu salah.



Enya ari kituna mah, ngan ari kaleuleuwihi mah bisa ngabelokkeun opini 

ditambah deuih masyarakat diurang tadina lain masyarakat nu meunang 

informasi kalawan alus, tapi masyarakat nu kurang informasi. KABIASAAN MACA 

di urang masih HANDAP. Ari ayeuna teu sirikna unggal menit, dicekok ku 

informasi rupa-rupa. Akhirna teu bisa ngawilah-wilah, opini bisa belok, 

ngabenerkeun nu salah.



Media diurang oge, kurang TATA KRAMA (etika). Dina kasus Syekh Puji, 

sakuduna budak nu dikawin ku Syekh Puji, aranna DISAMARKEUN jeung teu kudu 

disorot ku TV sagala. Kuring satuju kasus Syekh Puji di Blow up, keur conto 

ka masyarakat, tapi budakna ulah dikorbankeun atuh!



Jeung loba deui, kaasup tayangan satpol/pulisi nguber-nguber ungkluk. Rasa 

kamanusaan asa ditincak nempo awewe (sanajan ungkluk) diuber-uber,  lumpat 

kanu bala, bray lampu sorot  kamera  nyorot kanu bala, aya awewe keur 

cingogo bari papakean saayana. Bring diabringkeun kana treuk .....siga 

newakan anjing liar dina pelem-pelem .......



Baktos,

WALUYA 




      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke