wah,...,jadi moyok kapercayaan anu heubeul tah? bag-bagan silih poyok didinya mah uin mo ngiluan....
tapi uin sanada jeung pamadegan kg Bunisora... mun disebut agama anu lima/genep kiwari ka-asup dina monotheisme kg Kusnaka Prof, mere istilah ageman baheula teh ur-monotheisme atw monotheisme heubeul.ngan beda dina istilah gusti jeung cara ritualna wungkul... uin ngagem Islam, tapi teuin Islm anu madhab, torekat jg sekte anu mana... sabab kabeh ngaku anu pang benerna, anu pang sampurna na, anu pang aslina....ti Arab, sok diebut kaffah tea. Jadina? parasea anu aya...Anggap we uin mah eusleum lah... conto leutik beee...-eta la attumun niiisa bisa boga panapsiran leuwih ti opat... hiji deui; -eta hulu/sirah urg sunni anu dipancung, bisa dipake maen bola ku urg syiah... kantos uninga? kitu unina jelema nu boga tangtungan, boga suluk rahmatan lil alamin teh? ka asup panapsiran uin sorangan, boga hak keur napsirkeun....keur sa-dirieun beee... Kanjeng Nabi Muhammad oge asa sakitu tegesna ucap, teang elmu min at'sari tsiin, nepi ka nagri Cina. Naaa teu meunang neang elmu ka Nagri Sunda? Nagri uin sorangan? Dina harti, neang bebeneran teh, ulah ngarasa aing anu pangbenerna, aing anu pangsampurna na...wah uin mah jajauhan tinu karitu...teu wasa... tapi neang elmu numutkeun NM, sarua prinsipna jeung PS nyaeta ... conto: naon anu disebut PAJAJARAN teh? PA- ngandung harti tempat/wadah, JAJAR lain saukur sa JAJAR , JAJAR dina aturan wungkul, jeung lain saukur ngakurkeun Sunda jeung Galuh dina saTATA, saRIKSA saBANDA wungkul, tapi..... ngaJAJARkeun, bebenerna bener, kabener.......................................... tah , level/panta kalimah ieu disebut panta Sasmita,atw muttasyaabihat sabab teu langsung satarabasna kaharti.... kudu make kontemplasi/perenungan heula, sabari tatanya ka kolot baheula anu sa-alam kunaon sa-alam? da basa baheula, jeung suasana alam baheula anu kudu ditengetan, supaya nyurup jeung kalimahna, kumaha lapadna, kumaha nasich mansuch na, kumaha machrodzna, kumaha idghom billaghunnah na, mana anu kudu didzaharkeunana lamun maca ayat teh dina Qur'an,tah sarua jeung mun uin maca tulisan uyut ti kabuyutan. eta kakarak dina papantunan/tradisi lisan, anu kl 80% ayana sumebar di JawaBarat, sedengkeun sesana tradisi tulisan, matakna ceuk si Ambu kaitung ku ramo datana teh. Jadi harti Pajajaran teh kudu kaharti sacara BENER CEUK KABEH sadunya, anu geus kauji fit en propertest na. Matakna sok diakurkeun jg elmu Cina ogen teu masalah, elmu Baduy ogen teu masalah....why not? Mun daek disebut kebenaran universal, bisa disebut kebenaran sejati?...mungkin bae... taaaah , eta elmu mun urg sakabeh, mampu nyokot anu saruana....kunaon kudu jadi pasea? Daaaamai, permai, genah merenah tur tumaninah, saqinah di bumi.......! Tapi uin mo nyalahkeun bangsa Arab, di iklim padang pasir anu sakitu 'keras'na, geus jadi karakterna mun gampang peperangan atw papasean teh. Etana... anu nepi ka urang? Matakna mun maca ayat2 ngeunaan perang, uin mah mo pipilueun tah! Dimaaana USBaduy boga tameng, tumbak jeung panah keur perang? Hanteu! USBaduy bisa ngajaga leuweung sakitu kukuh pengkuhna? Hanteu ribut2? Ari anu ngaku 200jt umat Islam,bisa ngajaga leuweung? Anu boga ayat2 hebat? dimana hablum minal alamna? ngan sa-ukur hablum minallah, jg hablum minannaas Anu dianggapkuno primitip tapi bisa nyieun/ngawangun leuit sapoe? wah,....hanteu loba peperenianana, tapi miboga sipat universal... moal aya 6666 ayat, jeung hanteu loba saperti rewuan hadits sabab kabeh geus nerap aya dina lampahna , teu kudu loba cacaritaan! mangga urg pedar tina AYAT jeung tinu UYUT na... anu sohehna aya dina pedaran Ambu Dian engke... CAG! Hampura isun..... he33x! .....oca tea... --- On Tue, 11/11/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Re: Ambu bade manggung di TMII To: [email protected] Date: Tuesday, November 11, 2008, 7:16 AM Bisa jadi agama urang sunda bahula samemeh datangna Islam geus kasebut Agama Tauhid/Islam oge. Gusti Allah tos ngutus rebuan nabi/rosul ka saban bangsa di dunya ti bangsana sorangan. Tangtu nabi/rosul nu di utus ka tanah sunda mah, ti urang Sunda keneh. Istilahna oga tangtu lain nabi, tangtu make istilah sunda, da nabi mah basa arab. Salam, Sarabunis Mubarok___________ Singaparna ----- Original Message ----- From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, November 11, 2008 8:12 PM Subject: Re: [kisunda] Re: Ambu bade manggung di TMII Bah Abas Amin, Ambu Dian teh panalungtik Badan Arkeologi Nasional, jadi nu dipedarna oge tangtu tina kacamata ilmiah da memang widang/ kaahlian anjeunna. Rarasaan mah teu kudu apriori kanu nalungtik kapercayaan buhun. Salian keur kaperluan sajarah, oge, bade diaku atawa moal, pangaruhna ka masyarakat jaman ayeuna aya keneh. Contona kapercayaan kana totonden. Waktu Imam Samudera dieksekusi, pajarkeun di imah indungna meleber seungit kembang, kitu deui di Tenggulun Lamongan pas layon datang, cenah aya tilu manuk hideung kukurilingan di imah kolotna Amrozy. Tepika aya nu ngagorowok : "arwahna para mujahid". Totonden meleberna seungit kembang jeung manuk hideung nu kukurilingan leuwih nunjukkeun pangaruh kapercayaan lokal tinimbang ti Islam. Jadi sanajan awong-awongan ngarasa Islam paling murni, tapi tetep teu bisa nyumputkeun yen maranehna teh tetep keuna pangaruh kapercayaan Sunda/ Jawa. Nu kaduana, margi Bah Amin katingalina anggota enggal di kisunda, kisunda rada benten jeung Kusnet, member kisunda langkung prural dina masalah kapercayaan. Didieu aya Kang Engkus Ruswana, inohong kapercayaan minoritas di Indonesia (kabeneran anjeunna batur saanggkatan kuring di ITB), aya Kang Ira (lamun teu lepat mah dosen Antropologi Unpad) nu ti Cigugur Kuningan sareng sigana aya nu sanesna nu kuring teu terang. Janten Bah AA ulah kaget lamun aya posting-posting nu benten jeung "selera" mayoritas ...... Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: "abas_amin08" <[EMAIL PROTECTED]> > AA: hihihihi, sok atuh tarongton kadinyah. > Kapan Sunan Ambu nu bakal medrna oge; saha ari Guru Mindana nya ? > Resep tah ngupingkeun agama balik deui ka Jaman PURBA. > Tapi naha nya KARUHUN urang bet marilih ISLAM ??? > Da pasti aranjeunna oge boga otak, di na narima Agama anyar teh; > moal bon narima kitu wae. Jeungna deui, euweuh pisan paksaan kapan > arasup Islam teh, da meureun asup akal tea. > > Tah mun urang balik deui ka agama Purba, atuh meureun Agama Baduy tea > nya ? Naha uang Sunda didentikkeun sareng BADUY? > Duka teh teuing atuh. > > Meureun nu rada apal mah ahli anthropologi tea, tapi kudu netral > Agama. > Duka atuh lah. > Abbas Amin ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
