Teu ngabibisani, da aya bukti ayana, sasaha ge mo bisa ngaeuweuh-euweuh. Uing keneh nu mostingkeun yen kapercayaan urang Sunda baheula geus kasebut agama tauhid (monotheisme). Ti Gusti ieu Agama didugikeun ku urang Sunda keur urang Sunda kalawan konsep agamana oge dina istilah sunda.
Salam, Sarabunis Mubarok___________ Singaparna ----- Original Message ----- From: Roza Rahmadjasa Mintaredja To: [email protected] Sent: Wednesday, November 12, 2008 4:15 AM Subject: Re: [kisunda] Re: Ambu bade manggung di TMII heuheuheu.....eta kg Bunisora teu salah...? Panuju ka agama Sunda? Hanteu basa-basi tah? ari kitu mah teu salah nyebut neneh Bunisora teh? Eta ngaran urg Galuh pituin khaaan? atuh ku luuucu eta ngaran SaraBunis... uin rek nyebut kg Buni? atw kg Sara? Bunisora asa leuwih klop pan? he33x! ...oca tea... --- On Tue, 11/11/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Re: Ambu bade manggung di TMII To: [email protected] Date: Tuesday, November 11, 2008, 7:54 AM Nepangkeun heula, Ambu, salam kenal... Ampun paralun, ku nyerat komentar di handap teh kumargi panuju kana ayana agama Sunda. Salam, Sarabunis Mubarok___________ Singaparna ----- Original Message ----- From: richadiana kartakusuma To: [email protected] Sent: Tuesday, November 11, 2008 10:41 PM Subject: Re: [kisunda] Re: Ambu bade manggung di TMII naha bet bangun teu kenging SUNDA teh SUNDA naha bet siga teu panuju yen SUNDA ge aya agama SUNDA oge ku istilah SUNDA naha? Tabe pun AMBU ------------------------------------------------------------------------ From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, November 11, 2008 10:16:10 PM Subject: Re: [kisunda] Re: Ambu bade manggung di TMII Bisa jadi agama urang sunda bahula samemeh datangna Islam geus kasebut Agama Tauhid/Islam oge. Gusti Allah tos ngutus rebuan nabi/rosul ka saban bangsa di dunya ti bangsana sorangan. Tangtu nabi/rosul nu di utus ka tanah sunda mah, ti urang Sunda keneh. Istilahna oga tangtu lain nabi, tangtu make istilah sunda, da nabi mah basa arab. Salam, Sarabunis Mubarok_____ ______ Singaparna ----- Original Message ----- From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED] co.id> To: <[EMAIL PROTECTED] ..com> Sent: Tuesday, November 11, 2008 8:12 PM Subject: Re: [kisunda] Re: Ambu bade manggung di TMII Bah Abas Amin, Ambu Dian teh panalungtik Badan Arkeologi Nasional, jadi nu dipedarna oge tangtu tina kacamata ilmiah da memang widang/ kaahlian anjeunna. Rarasaan mah teu kudu apriori kanu nalungtik kapercayaan buhun. Salian keur kaperluan sajarah, oge, bade diaku atawa moal, pangaruhna ka masyarakat jaman ayeuna aya keneh. Contona kapercayaan kana totonden. Waktu Imam Samudera dieksekusi, pajarkeun di imah indungna meleber seungit kembang, kitu deui di Tenggulun Lamongan pas layon datang, cenah aya tilu manuk hideung kukurilingan di imah kolotna Amrozy. Tepika aya nu ngagorowok : "arwahna para mujahid". Totonden meleberna seungit kembang jeung manuk hideung nu kukurilingan leuwih nunjukkeun pangaruh kapercayaan lokal tinimbang ti Islam. Jadi sanajan awong-awongan ngarasa Islam paling murni, tapi tetep teu bisa nyumputkeun yen maranehna teh tetep keuna pangaruh kapercayaan Sunda/ Jawa. Nu kaduana, margi Bah Amin katingalina anggota enggal di kisunda, kisunda rada benten jeung Kusnet, member kisunda langkung prural dina masalah kapercayaan. Didieu aya Kang Engkus Ruswana, inohong kapercayaan minoritas di Indonesia (kabeneran anjeunna batur saanggkatan kuring di ITB), aya Kang Ira (lamun teu lepat mah dosen Antropologi Unpad) nu ti Cigugur Kuningan sareng sigana aya nu sanesna nu kuring teu terang. Janten Bah AA ulah kaget lamun aya posting-posting nu benten jeung "selera" mayoritas ....... Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: "abas_amin08" <abas_amin08@ yahoo.com> > AA: hihihihi, sok atuh tarongton kadinyah. > Kapan Sunan Ambu nu bakal medrna oge; saha ari Guru Mindana nya ? > Resep tah ngupingkeun agama balik deui ka Jaman PURBA. > Tapi naha nya KARUHUN urang bet marilih ISLAM ??? > Da pasti aranjeunna oge boga otak, di na narima Agama anyar teh; > moal bon narima kitu wae. Jeungna deui, euweuh pisan paksaan kapan > arasup Islam teh, da meureun asup akal tea. > > Tah mun urang balik deui ka agama Purba, atuh meureun Agama Baduy tea > nya ? Naha uang Sunda didentikkeun sareng BADUY? > Duka teh teuing atuh. > > Meureun nu rada apal mah ahli anthropologi tea, tapi kudu netral > Agama. > Duka atuh lah. > Abbas Amin
