Sejarah panjang anu namina jalmi peryogi gaduh cecepengan anu puguh.
Naha aya kitu agama anu teu "siaran" ?
Apan aya babasaan, "elmu tuntut dunya siar", gaduh agama atanapi teu gaduh
agama
jalmi mah gaduh pasipatan "siaran".
Mung nyaeta kitu, upami diklasifikasikeun aya dua: "siaran
radio butut", aya oge "radio na anu butut teu nampi siaran".
Leupas tina ieu pasualan, pun bojo mah gaduh hobi anu katingalna matak
pikabitaeun,
nyaeta nyiaran kutu pun anak.
mangga dilajeng.
--- On Tue, 11/11/08, rahyangkujang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: rahyangkujang <[EMAIL PROTECTED]>
Sampurasun,
Kunaon
ari ari agama Islam, Kristen sareng agama sanes asli asal pribumi
Indonesia ngagaduhan sifat syiar atanapi nyebarkeun misi kaagamaanaana
mangrupi atanapai ngalangkungan dakwah, kotbah sareng sajabina.
sedengkeun ari agama asli pribumi Indonesia teu sapertos kitu. samalih
cenderung henteu disyiarkeun atanapi dikembangkeun pikeun kelompok
sanes. tapi mun saukur khusu mung kanggo diwewengkona atanapi kelompok
suku bangsana / bangsana wae ?
manawi bawiraos tiasa aya nu masihan pangdeuel pamendak anu munel.
hatur nuhun.
RKK