neda sihapuntena......abdi masih diajar nuju mingpin diri ge kalintang 
abotna....
saabdieun mah nuju diajar pengkuh, tigin, jejem panceg kana adeg-adeg wanda 
nyalira..
dipaseuk ku maluruh jatining hurip...muga muka diri nu ngacik jisim mancur 
sumirat cahya asih nu wening 
tangtosna eta teh aya disadayana....hayu atuh urang sami-sami maca salira, maca 
uga na warugana sewang-sewangan...dipesek ku Kujang ....Kukuh kana Jangji 
dikersakeun jadi ingsun ku nu Maha Kersa...

RKK

nb: dupi kang dudi_ss teh kawit ti Bogor tea sanes?




________________________________
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, November 12, 2008 4:35:56 PM
Subject: Re: [kisunda] Nafsirkeun UGA Sunda


Hapunten, leres abdi anu hilap 
kumargi tos lami salira henteu nepangan ka lembur... anu kaemutan teh RK Kojone 
alias Kujang Kokojo/ Gegedug alias Kujang Pamimpin alias Kujang 
(anu) Kahiji anu pihatoseunana, jalmi anu nyepeng eta Kujang nyaeta Pamimpin, 
nyak salira Rahyang. 
 
wassalam,
 
 
----- Original Message ----- 
From: rahyangkujang 
To: [EMAIL PROTECTED] .com 
Sent: Wednesday, November 12, 2008 12:43  AM
Subject: Re: [kisunda] Nafsirkeun UGA  Sunda

punten ralat RKK sanes Rahyang Kujang Kahiji juragan hehe...tapi kahiji  
digentos Kajene nu leresna mah...




________________________________
 From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Tuesday, November 11, 2008 6:20:28  PM
Subject: Re: [kisunda]  Nafsirkeun UGA Sunda


pamanggih kuring mah  kieu:
 
manawi ay nu tiasa medar atanapi mesek siloka atanapi uga-uga nu dimaksad  ieu :
1. nu kumaha nu disebat tapa dinu caang atanapi nyumput buni dinu  caang? naon 
maksadna  siloka eta, pan ari buni tapi katohyan mah atuh ge  teu tapa atanapi 
nyumpu deui?
=>kuring boga jawaban, ngan "bisi bener" engke  matak bedo/camal/kayahona n anu 
nyumputna padahal susumputanana acan lekasan.  lamun enya aya anu keur 
susumputan, nyumput buni dinu caang tangtuna hiji  taktik/strategi anu lantip 
keur ngawujudkeun cita-cita atawa tujuan anu  nyumput tea. keun bae atuh anu 
nyumput ulah digareuwahkeun bisa aya mamalana.  ba.... kekok... he, he, he...  

2. naon nu  dimaksad kebo mulih pakandangan? kumaha upami dilarapkeun ka mangsa 
kiwari  parantos aya?
=>ieu statement sifatna nunjukeun hiji proses,  jadi ieu mah jigana moal aya 
akhirna. anu jadi masalah kumaha lamun aya kebo  balik teu diaku ku anu ngajaga 
kandang  kulantaran kebona salin jinis....  terus tukang jagana teu apaleun 
kana tanda-tanda kebo anu rek  mulang. 

3. naon  margina siloka-siloka dina carita pantun jarang dipedar ku urang sunda 
kiwari?  pamali, teu resepeun, dilarang, teu arapaleun, teu penting atanapi  
kunaon?
=>kudu dirobah cara tablegna, nyesuaikeun kana  karesep jeung waktu anu jadi 
audience/objek tableg.  

4. kinten-kinten mangsa kiwari, upami dina uga sunda aya dina siloka  uga nu 
kumaha? 
=>ari pupuhu,  sapertos Kang Rahyang Kujang Kahiji (ERKAKA) mah atuh tangtosna 
ge tos  ngaraos, da aya totondena... he, he, he.. sok der ah geura dingawitan 
mantuna,  mani tos teu sabar yeuh.. 

samentawis sakitu heula.

hatur nuhun  kana pamedak ti sadayana.
cag.
rampes

*R*K*K

-----  Original Message ----- 
From: rahyangkujang 
To: [EMAIL PROTECTED] ..com 
Sent: Monday, November 10, 2008 5:06 PM
Subject: [kisunda] Nafsirkeun UGA Sunda

.. 

    


      

Kirim email ke