Sarabunis Mubarok

GALUNGGUNG

gunung karamat
pamaku jagat
nu ngasuh walungan
nu miara pasawahan
mangtaun alum
tatuna renung

gunung nu bencar
batuna bacacar
keusikna arusik
nikreuh ka dayeuh
muru lalakon
ka tegal beton

gunung wirid
taméng kasakit
kiwari diborogod
ku sémah nu ngaliud
huluwotan kadigjayan
kasirep duit récéhan

gunung pangaweruh
kadaton saban rusiah
kiwari ringrang
halimun gulinggasahan
tatangkalan tingkalayang
dibetot ka pilemburan

gunung nu ahéng
nguyung na haté kuring

mun seug galunggung balaka
bakal bitu ku sakecap dunga

Singaparna, 2008



Salam,
Sarabunis Mubarok___________ Singaparna

Kirim email ke