--- On Tue, 11/4/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Pedang Perak vs Tukang Besi - 21
To: "proletar" <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Tuesday, November 4, 2008, 10:44 PM







Dua poe ti harita………….. 
Kota leutik Liao Tung mani tiiseun, sanggeus kajain gelut rombongan Tilu Dewa 
ngalawan si nu Make Topeng , kaciri kota teh mani tiiseun pisann ; diimahna Si 
Tilu Dewa nu jadi markasna tiiseun pisan taya dangiang, tah harita teh aya nu 
datang ka gedong Si Tilu Dewa teh, jelema duaan, nu hiji kolot, nu hiji deui 
ngora keneh kaciri ti na pakeanana mah budak sakola. Eta teh geuningan si Baju 
Hejo nu bareto tarung ngalawan anak buahna Tilu Dewa jeung sastrawan nu bareto 
oge; ayeuna mah si baju hejo geus teu mamake baju hejo deui. Eta nu duaan  
kacida heranna nempo kota teh sepi pisan ; nu duaan ngadatangan langsung ka 
imahna Tilu Dewa, bari waspada maranehanana ngadeukeutan gapura; teus panggih 
jeung nu ngajagana; dimana eta si nu ngajaga teh kaciri rad sieuneun. Nu kolot 
di antara semah nu duaan ngomong ka eta nu jaga yen maranehna hayng manggihan 
Si Tilu Dewa[ si Jaga bari jeung ngadaregdeg nerangkeun yen juragan di na 
danget ieu moal palayeun patepang
 sareng sasaha oge ; nu duaan keukeuh maksa; keur dua pihak ngotot kitu, jol we 
kaluar Kapala Jaga. Barang nempo semah nu duaan, eta kapala Jaga teh gancang 
soja, da geus apalan ka nu duaan tea, sanggeus dibales ku soja deui; Si Kapala 
Jaga nanyakeun kaperluan ki semah nu duaan; sanggeus jelas naon maksud 
kadatanganana; pok we kapala jaga ngomong : 
“Punten wae nun , saleresna mah anjeun duaan teh memang diantos pisan keresa 
sumping bade dianggap sobat , tapi di na waktos ieu mah panginteun sanes waktos 
anu mustari, punteeen wae kulan nun.” Sanggeus kitu sakali deui manehna mere 
soja, nu hartina ngusir tamu sacara halus.
"Hehehehe, dina waktu ieu kuring duaan arek nyaritakeun soal nu penting pisan; 
ditarima atawa henteu kuring duaan bakal maksa asup ." Nu kolot ngomongna bari 
jeung wibawa. 
Ngadenge omongan semah nu kolot, eada robah beungeut si kapala jaga, tapi 
akhirna mah kapaksa nyarita:”Kuring sadaya di dieu keur meunang karerepet, tapi 
lamun anjeun maksa, tah kuring rek asup nanyakeun heula ka juragan. Sok mangga 
sebatkeun jenengan sareng gelar aranjeun ." 
NB : gelar didieu nu dimaksud gelar Kajawaranana; da eta penting di Kalangan 
Kang Ouw mah



      

Kirim email ke