ki duluuuur, kg AA......anu kritis pamikiranana...(hususon)

ari anjeun apal jeung wajib pisan ka agama karuhun batur....
ti Adam nk Muhammad, ti syech Qutb Abd Qodir Jaelani nk Syech Quro?
ti para wali songo nk kyai langitan? 
ari  Aki Tirem, ari Purnawarman, ari Wastukancana, ari Siliwangi?
naaaa...hanteu wajib apal sajarah ka karuhun sorangan?
naha hanteu tibalik?
bongan SLW parantos di CAP HINDU tea apanan....
haram hukumna ngapalkeun karuhun2 Sunda eta?
tapiiiii, uin moal ngalepatkeun anjeun.....
bongan karuhuna anjeun anu nutup carita eta secara BERHASIL!
PAREUMEUN OBOR TAH! jaba estuning tuturut munding, nu aya...
SARUA JEUNG PAREUMNA KALA SUNDA/KALENDER SUNDA 
LEUWIH TI LIMARATUS TAUN KA TUKANG...
sok sanajan data2 anu aya, teu dianggap soheh ku alatan
TRADISI LISAN ANU NEREKAB SACARA LUAS DI SUNDA.
kumaha uin tipoporose neangan DATA ARSITEKTUR SUNDA.
anu ngabalukarkeun, ngaguar BUDAYA SUNDA ti taun 1977...
sasieureun sabeunyeureun mah aya anu napel ka polo uin...
agama uin ISLAM, tapi budaya uin SUNDA...LAIN BUDAYA ARAB!
teu ngandung harti uin teu apal budaya Arab, mangkahade...
tapi Islam anu kumaha? ah Islam uin beeee...
Madhab uin, torekat uin? Sekte uin?....
Muhammad diah?, lain.... Muhammad aing beeee...sadirieun...
sok,.... ceuk saha Qur'an aya 6.666 ayat? Itung beee sorangan ulah ceuk batur...
tos uninga Khotbah terahir Kanjeng Nabi di Ghaidirkum?
Naon inti khotbahna? Kunaon layon Nabi dk telat dikurebkeun?
Nabi Adam lungsur ka dunya ti 'sorga' dina taun ka sabaraha SM?
hadits anu soheh jeung anu dhaif sabaraha persen perbandinganana?
Saha bapana Nabi Isa , saha kabogohna Nabi Isa?
Ari Kanjeng Nabi Muhammad nuju nikah sareng Siti Chadijjah, 
make hukum nikah agama naon? ari di guha Hiro kumaha solatna?
Tengah2na Qur'an ayat naon? nyaritakeun naon?
Ari Barqun/Buroq tutunggangan Nabi mangrupa naon?
Naha bener Kanjeng Nabi maen tawar2an jeung Alloh?
siga Alloh teu nyaho kamampuan ummatna? Na udzubillah mindzaliik!
uin hoyong terang waleran ti anjeun via karuhun Sunda anjeun anu Islam,
bade di millist, bade dimana ...mangga urang atur, 
bisi ieu pertanyaan piPAMALIeun, mun diguar di ieu millist.....
Carita Islam Arab hayuuuu, carita Islam Sunda koooomo.... 
mangga emutaneun, dina raraga silih simbeuhan...
dina hate anu wening, sok sanajan otak ngebul oge....

he33x!
....oca tea...





--- On Thu, 11/13/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: Nafsirkeun UGA Sunda
To: [email protected]
Date: Thursday, November 13, 2008, 3:11 AM









Heheehe, tos sabara ratus taun atuh eta agama pituin teh ?
Mani kedah uang Sunda sadaya APAL ? Naha patani di kampung arapaleun kituh nya ?
Saumur hirup abdi nu apal teh nya ka na Aga,a Islam, naha Abdi WAJIB apal
Agama Sunda ? Padahal ti janggawareng oge ngan ngajarkeun Islam weee.
Naha mani dikudukeun abdi apal ka na agama sunda ?
Naha memangna jalmi Sunda seueur nu tos apaleun tah ka na Agama eta teh ?
 
Abbas Amin


--- On Thu, 11/13/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: Nafsirkeun UGA Sunda
To: [email protected]
Date: Thursday, November 13, 2008, 4:03 AM






abdi mah moal nyumput
nu nyumput mah Abbas Amin
bari ngrorojok kayakinan batur
na ari kayakinan bet dipeunteun ku anjeuna bae
nu kieu tah nu matak nyigeung jadi PAREGREG teh 

agama mah sewang2an bae atuh....
naha deuih atuh ngaku Urang SUNDA tapi teu apal agama KARUHUNna sorangan
bet naroskeun... naha teu isin kitu peta nanyakeun kabudayaan INDUNG PITUIN 
sorangan ... aneh. 

Tabe Pun 
AMBU 






From: Kurdi Leman <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Wednesday, November 12, 2008 12:07:45 PM
Subject: [kisunda] Re: Nafsirkeun UGA Sunda







sumuhun, meni nararapsu kanu nyumput teh.. keun we nu nyumputmah hartosna alim 
kapuji.. ceuk uing eta oge..





      




      

Kirim email ke