AA: Edaaas ieu kang Oca aya ju hebat kieu; tah waleran ti abdi, sakedet netra diantawis seratan kang oca.
--- On Thu, 11/13/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Re: KGGO KG AA,Nafsirkeun UGA Sunda To: [email protected] Date: Thursday, November 13, 2008, 8:11 PM ki duluuuur, kg AA......anu kritis pamikiranana. ..(hususon) AA: Muhun Kang Oca nu bageur, nu luhung elmuna ari anjeun apal jeung wajib pisan ka agama karuhun batur.... ti Adam nk Muhammad, ti syech Qutb Abd Qodir Jaelani nk Syech Quro? AA: Asa teu mendakan tah kawajiban ka nu kitu mah kulan; da diwajibkeun soteh ka apal ngaran mungkul 25 Nabi; ari riwayatna mah teu diwajibkeun kulan. Ngan upami aya n apal tah langkung sae panginten. Teu Wajib tah. ti para wali songo nk kyai langitan? AA: Ieu ge komoooo atuh teu wajib, teu sunat2 acan; boa makruh, lantaran miceunan waktos ngapalkeun nu kararitu ! ari Aki Tirem, ari Purnawarman, ari Wastukancana, ari Siliwangi? naaaa...hanteu wajib apal sajarah ka karuhun sorangan? naha hanteu tibalik? AA: Hehe, saha atuh nu ngawajibkeun teh !? Salira ? Boro2 atuh sajarah karuhun nu tebih kitu ; dalah janggawareng sorangan ge teu apal ! Boa uyut oge loba nu teu apal ! Naha saha ayuh nu ngawajibkeun teh kulan ?! bongan SLW parantos di CAP HINDU tea apanan.... haram hukumna ngapalkeun karuhun2 Sunda eta? AA: da kagunana atuh saetik dibanding capena ngapalkeun eta ! tapiiiii, uin moal ngalepatkeun anjeun..... AA: Nuhun atuh ari teu ngalepatkeun mah bongan karuhuna anjeun anu nutup carita eta secara BERHASIL! AA: Duka masalah berhasil atanapi henteuna mah; tapi sigan mah rata2 US boh dimana wae moal apaleun da. Mun diayakeun sensus tea mah; masih keneh keneh bisa diitung ku ramo tah, wanoh ka luluhur Pandawa teh. Aeh luluhur Sunda PAREUMEUN OBOR TAH! jaba estuning tuturut munding, nu aya... AA: Abdi mah mimiti diajarkeun ku kolot, tos kitu diajar sorangan, ngajeroan, nganalisa; kade ah ulah gana gana nuduh batur tuturut munding. Naha kang oca wungkul nyalira, nu terang ka na agama teh ? Nu teu tuturut munding ?! Teu kenging kitu ah . SARUA JEUNG PAREUMNA KALA SUNDA/KALENDER SUNDA LEUWIH TI LIMARATUS TAUN KA TUKANG... AA: Ari eta mah tuh salah sorangan tea, bonganna US can hudang wae sok sanajan data2 anu aya, teu dianggap soheh ku alatan TRADISI LISAN ANU NEREKAB SACARA LUAS DI SUNDA. kumaha uin tipoporose neangan DATA ARSITEKTUR SUNDA. anu ngabalukarkeun, ngaguar BUDAYA SUNDA ti taun 1977... AA: Sok atuh ti ayeuna mah sosialisasikeun ku Kang Oca saparakanca; sugan we atuh US teh harudang sasieureun sabeunyeureun mah aya anu napel ka polo uin... AA: Ah sanes sasieureun sabeunyeureun atuh eta mah, hebat we sugan mah kang oca teh geuning agama uin ISLAM, tapi budaya uin SUNDA...LAIN BUDAYA ARAB! AA: Da Marhaban mh tara aya uh di Arab ! Jadi sami abdi oge agama Islam budaya Sunda plus budaya Islam; punten kedah dibentenkeun budaya Arab sareng budaya Islam. Ari budaya Arab mah nyeta Jahiliyah tea, Ari Budaya Islam mah nya eta Rahmatan lil Alamiin tea kulan. teu ngandung harti uin teu apal budaya Arab, mangkahade.. . AA; OOOO hebat atuh, sok mangga guar Arab Jahiliyah teh kumaha tah ? tapi Islam anu kumaha? ah Islam uin beeee... AA: Samiii abdi oge ; ngan nu jelas Tuhan abdi Allah; Muhammad Saw Utusan Allah. Eta lah abdi mah Madhab uin, torekat uin? Sekte uin?.... Muhammad diah?, lain.... Muhammad aing beeee...sadirieun. .. sok,.... ceuk saha Qur'an aya 6.666 ayat? Itung beee sorangan ulah ceuk batur... AA: Kumaha ari abdi ? Abdi ge sami Muhammadiyah lain, NU komo lain, atuh salafi henteu deuih. Ah pokona mah Islam we, Teu aya nu wajib disembah saliyan ti Allah; saeng Nabi Muhammad SAW eta Hakiki Utusan Allah. Kitu tah. tos uninga Khotbah terahir Kanjeng Nabi di Ghaidirkum? AA; Naon, anu ngawariskeun Islam ka Ali ? sanes ? anu akhirna jadi Syi'ah tea, kulan ? Naon inti khotbahna? Kunaon layon Nabi dk telat dikurebkeun? AA: balilu abdi mah soal ieu teh; tapi da asa teu wajib ah. Keun we teu a[al nu karitu mah, moal matak doraka, sanes ? Nabi Adam lungsur ka dunya ti 'sorga' dina taun ka sabaraha SM? AA; Aduh Gustiii, lieur yeuh da pun nini oge abdi mah teu apal tah. Tapi keun we lah da moal matak doraka ieuh; teu apal nu kitu mah. hadits anu soheh jeung anu dhaif sabaraha persen perbandinganana? AA: Hebat euy kang oca dugi ka tebih kitu, sok atuh lah sebatkeun, kanggo pengetahuan weee. Da moal kaluar ti na Iman Islam teu terang nu kitu mah. Saha bapana Nabi Isa , saha kabogohna Nabi Isa? AA; Punten ah, teu doraka panginten teu terang nu kitu mah nya ? Ari Kanjeng Nabi Muhammad nuju nikah sareng Siti Chadijjah, make hukum nikah agama naon? AA: Nya atuh agama nu aya waktu harita, mungkin wae syariat Nabi Ismail; tiasa oge ku Rabbi Yahudi; tiasa oge Ku Kristen Ortodox tea; nu teu satuju yen Isa teh Tuhan. ari di guha Hiro kumaha solatna? AA: Nya meleng we ka Gusti llah, da kapan syareat shalat 5 waktu tacan aya Tengah2na Qur'an ayat naon? nyaritakeun naon? AA: Keun we lah teu apal soal tengah jeung letak mah, moal doraka atuh. Ari Barqun/Buroq tutunggangan Nabi mangrupa naon? AA: Wallahu alam tah, kang oca oge teu ningal sanes? Paling ge ti batur nya ? Naha bener Kanjeng Nabi maen tawar2an jeung Alloh? AA; Atuh tong boro Kanjeng Nabi, kapan urang oge ari menta, emh Gusti upami tiasa mah muga2 we .......... bla bla bla.... komo panginten anjeunna mah langkung caket sareng Gusti Allah siga Alloh teu nyaho kamampuan ummatna? Na udzubillah mindzaliik! uin hoyong terang waleran ti anjeun via karuhun Sunda anjeun anu Islam, AA: Allah mah Uninga pisan, tapi kapan manusa kudu USAHA ! jadi mun aya parentah itu, parentah ieu; du'a eta du'a ieu; eta teh USAHA sareng USAHA; da hasil mah kumaha Gusti weee. Urang wajib tah usaha teh. bade di millist, bade dimana ...mangga urang atur, bisi ieu pertanyaan piPAMALIeun, mun diguar di ieu millist..... AA; sok atuh mangga, da abdi oge urang sunda; anu cadu mundur pantang mulang; moal kumeok memeh dipacok. Sok lah, dugi ka mana ? Mangga ? Carita Islam Arab hayuuuu, carita Islam Sunda koooomo.... AA: Nu penting mah nu aya gunana kanggo kaimanan kaislaman, eta keur abdi mah. sok/ mangga emutaneun, dina raraga silih simbeuhan... dina hate anu wening, sok sanajan otak ngebul oge.... AA; Nuhun pisan kulan, atos kersa nyerat nu di luhur mani jentre kitu pamendak teh kulan; mangga diantos saterasna he33x! ....oca tea... hehehehe45X Abbas Amin tea, urang Sunda nu mangkuk di Kaltim --- On Thu, 11/13/08, Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> wrote: From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> Subject: Re: [kisunda] Re: Nafsirkeun UGA Sunda To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Thursday, November 13, 2008, 3:11 AM Heheehe, tos sabara ratus taun atuh eta agama pituin teh ? Mani kedah uang Sunda sadaya APAL ? Naha patani di kampung arapaleun kituh nya ? Saumur hirup abdi nu apal teh nya ka na Aga,a Islam, naha Abdi WAJIB apal Agama Sunda ? Padahal ti janggawareng oge ngan ngajarkeun Islam weee. Naha mani dikudukeun abdi apal ka na agama sunda ? Naha memangna jalmi Sunda seueur nu tos apaleun tah ka na Agama eta teh ? Abbas Amin --- On Thu, 11/13/08, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> Subject: Re: [kisunda] Re: Nafsirkeun UGA Sunda To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Thursday, November 13, 2008, 4:03 AM abdi mah moal nyumput nu nyumput mah Abbas Amin bari ngrorojok kayakinan batur na ari kayakinan bet dipeunteun ku anjeuna bae nu kieu tah nu matak nyigeung jadi PAREGREG teh agama mah sewang2an bae atuh.... naha deuih atuh ngaku Urang SUNDA tapi teu apal agama KARUHUNna sorangan bet naroskeun... naha teu isin kitu peta nanyakeun kabudayaan INDUNG PITUIN sorangan ... aneh. Tabe Pun AMBU From: Kurdi Leman <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Wednesday, November 12, 2008 12:07:45 PM Subject: [kisunda] Re: Nafsirkeun UGA Sunda sumuhun, meni nararapsu kanu nyumput teh.. keun we nu nyumputmah hartosna alim kapuji.. ceuk uing eta oge..
