ku abdi dikempelkeun... nyuhunkeun widhina...
waas tur nineung... meni banget ku sae kecap2nana
ongkoh deuih abdi diajar sakantenan

Tabe pun
AMBU





________________________________
From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Sunday, November 16, 2008 12:03:35 PM
Subject: Re: [kisunda] KALANGSU


Amin, hatur nuhun Ambu, mudah2an 
wae aya mangpaatna, etang2 nyebor paguneman nu kalan2 heab panasna dugi kana 
mamaras baraya Sunda sadaya.
 
 
Salam,
Sarabunis Mubarok_____ ______ Singaparna

----- Original Message ----- 
From: richadiana kartakusuma 
To: [EMAIL PROTECTED] .com 
Sent: Sunday, November 16, 2008 11:21 AM
Subject: Re: [kisunda] KALANGSU

gamparan
pami jaman kapungkur mah gamparan teh pujangga anu kalebet 
cerdik cendekiawan 
wilujeng

Tabe pun
AMBU




________________________________
 From: Sarabunis Mubarok <sarabunis2008@ yahoo.co. id>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Sunday, November 16, 2008 11:08:17 
AM
Subject: [kisunda] 
KALANGSU


Sarabunis Mubarok
 
KALANGSU
 
bapa ngaligeuh
leungiteun 
taneuh
indung nu ngandung
ngabalang saban kahayang
 
sahéktar sawah
jadi salambar 
ijasah
bawaning anak karep buburuh
ngayunkeun pacul di dayeuh
 
anak ngabudi
ku melak kulkas 
jeung tivi 
indung-bapa ngagadé seuri
nyabutan jarong jeroeun 
ati
 
anak rarabi
boga sawah tandureun 
diri
incu ti kota nyéréd sarakan
nini-akina ngalahun gundam
 
na satapak peucang
imah panggung 
kaparabunan
sawah di dayeuh kerep dibuat
nyedekkeun paré tutueun nini 
akina
 
béas beureum béas bodas
ditapi 
ku nyiru mamaras
ngabeuyeur nyawa ngagilir getih 
hirup kaseuseup ku 
hateup eurih
 
anak-minantu
incu sajubleg 
ceurik haliwu
dua raga na gundukan taneuh 
nampa ijasah tetengger 
lemah
 
Singaparna, 2008

 
 
Salam,
Sarabunis Mubarok_____ 
______ Singaparna

     


      

Kirim email ke