Kang Barok,
Mudah-mudahan we atuh sieur sareng beunyeur teh aya saleuit-sijimateun.

salam,
mh

On Sun, Nov 16, 2008 at 4:03 PM, Sarabunis Mubarok
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Duuh... mangga teh teuing, simkuring mah bingah we nu aya.
> Ngan geuning matak ngisinkeun seratanna nu ngan kenging sasieureun
> sabeunyeureun kutrat-kotret di lembur dina sesela neangan pangupa jiwa.
>
> Salam,
> Sarabunis Mubarok___________ Singaparna
> ----- Original Message -----
> From: richadiana kartakusuma
> To: [email protected]
> Sent: Sunday, November 16, 2008 12:15 PM
> Subject: Re: [kisunda] KALANGSU
> ku abdi dikempelkeun... nyuhunkeun widhina...
> waas tur nineung... meni banget ku sae kecap2nana
> ongkoh deuih abdi diajar sakantenan
>
> Tabe pun
> AMBU
>
>
> ________________________________
> From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Sunday, November 16, 2008 12:03:35 PM
> Subject: Re: [kisunda] KALANGSU
>
> Amin, hatur nuhun Ambu, mudah2an wae aya mangpaatna, etang2 nyebor paguneman
> nu kalan2 heab panasna dugi kana mamaras baraya Sunda sadaya.
>
>
> Salam,
> Sarabunis Mubarok_____ ______ Singaparna
> ----- Original Message -----
> From: richadiana kartakusuma
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Sunday, November 16, 2008 11:21 AM
> Subject: Re: [kisunda] KALANGSU
> gamparan
> pami jaman kapungkur mah gamparan teh pujangga anu kalebet cerdik
> cendekiawan
> wilujeng
>
> Tabe pun
> AMBU
>
> ________________________________
> From: Sarabunis Mubarok <sarabunis2008@ yahoo.co. id>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Sunday, November 16, 2008 11:08:17 AM
> Subject: [kisunda] KALANGSU
>
> Sarabunis Mubarok
>
> KALANGSU
>
> bapa ngaligeuh
> leungiteun taneuh
> indung nu ngandung
> ngabalang saban kahayang
>
> sahéktar sawah
> jadi salambar ijasah
> bawaning anak karep buburuh
> ngayunkeun pacul di dayeuh
>
> anak ngabudi
> ku melak kulkas jeung tivi
> indung-bapa ngagadé seuri
> nyabutan jarong jeroeun ati
>
> anak rarabi
> boga sawah tandureun diri
> incu ti kota nyéréd sarakan
> nini-akina ngalahun gundam
>
> na satapak peucang
> imah panggung kaparabunan
> sawah di dayeuh kerep dibuat
> nyedekkeun paré tutueun nini akina
>
> béas beureum béas bodas
> ditapi ku nyiru mamaras
> ngabeuyeur nyawa ngagilir getih
> hirup kaseuseup ku hateup eurih
>
> anak-minantu
> incu sajubleg ceurik haliwu
> dua raga na gundukan taneuh
> nampa ijasah tetengger lemah
>
> Singaparna, 2008
>
>
> Salam,
> Sarabunis Mubarok_____ ______ Singaparna
>
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke