Sarabunis Mubarok
SAKURING-KURINGNA
sakulon-kulonna hirup
sawetan-wetanna pati
sakidul-kidulna bagja
sakaler-kalerna bahla
walungan cisusu indung
hamo rek bisa ngabendung
kuring teuleum
sajero-jerona rusiah
sawayang-wayangna jaman
sadalang-dalangna perang
sagending-gendingna gering
satembang-tembangna waras
situ kesang nu jadi bapa
hamo rek bisa ngabedah
kuring ngambang
sahampang-hampangna budah
sapanas-panasna cinta
sahujan-hujanna dosa
sagaring-garingna seuri
sabanjir-banjirna ceurik
sungapan getih nu jadi dulur
hamo rek bisa mendetan
kuring palid
salampar-lamparna beja
satepus-tepusna deudeuh
saareuy-areuyna geuleuh
sapucuk-pucukna dunga
sasirung-sirungna supata
keclak cimata nu jadi sobat
hamo rek bisa nandean
kuring nyangsang
saheurin-heurinna letah
sadayeuh-dayeuhna sirah
salembur-lemburna tuur
salaut-lautna wirang
sagunung-gunungna ajen
herang kiruh lemah cai
hamo rek bisa nyingkahan
kuring roroesan
sarongkah-rongkahna caah
saluhur-luhurna nangtung
sahandap-handapna sila
satukang-tukangna nyumput
sahareup-hareupna tandang
sumur-sumur panineungan
hamo rek bisa nawuan
kuring muntang
sapageuh-pageuhna sumpah
sapeuting-peutingna nyaring
sabeurang-berangna hudang
saisuk-isukna ngimpi
sasore-sorena gundam
cilak damar minyak hate
hamo rek bisa mareuman
kuring hanjat
sakuat-kuatna niat
Salam,
Sarabunis Mubarok___________ Singaparna