wah..endah jaaaasa eta sajak kg Bunisora...
tiasa teu mangdamel keun kggo uin...kuring jg kurungna?
he33x!
...oca tea..


--- On Mon, 11/17/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] SAKURING-KURINGNA
To: [email protected]
Date: Monday, November 17, 2008, 2:20 AM







 
 

Sarabunis Mubarok
 
SAKURING-KURINGNA 

 
sakulon-kulonna hirup 

sawetan-wetanna pati
sakidul-kidulna bagja
sakaler-kalerna 
bahla
walungan cisusu indung
hamo rek bisa 
ngabendung
     kuring teuleum
    
 sajero-jerona rusiah
 
sawayang-wayangna 
jaman
sadalang-dalangna perang
sagending-gendingna 
gering
satembang-tembangna waras
situ kesang nu jadi bapa
hamo rek bisa 
ngabedah
     kuring ngambang
    
 sahampang-hampangna budah
 
sapanas-panasna 
cinta
sahujan-hujanna dosa
sagaring-garingna seuri
sabanjir-banjirna 
ceurik
sungapan getih nu jadi dulur
hamo rek bisa 
mendetan
     kuring palid
    
 salampar-lamparna beja
 
satepus-tepusna 
deudeuh
saareuy-areuyna geuleuh
sapucuk-pucukna dunga
sasirung-sirungna 
supata
keclak cimata nu jadi sobat
hamo rek bisa 
nandean
    kuring nyangsang
    
saheurin-heurinna letah
 
sadayeuh-dayeuhna 
sirah
salembur-lemburna tuur
salaut-lautna wirang
sagunung-gunungna 
ajen
herang kiruh lemah cai
hamo rek bisa nyingkahan
    
 kuring roroesan
     sarongkah-rongkahna 
caah
 
saluhur-luhurna nangtung
sahandap-handapna 
sila
satukang-tukangna nyumput
sahareup-hareupna tandang
sumur-sumur 
panineungan
hamo rek bisa nawuan
     kuring 
muntang
     sapageuh-pageuhna sumpah
 
sapeuting-peutingna 
nyaring
sabeurang-berangna hudang
saisuk-isukna ngimpi
sasore-sorena 
gundam
cilak damar minyak hate
hamo rek bisa 
mareuman
     kuring hanjat
    
 sakuat-kuatna niat

 
Salam,
Sarabunis 
Mubarok___________ Singaparna





      

Kirim email ke