Kaizen nyaéta hiji padika anu dicekel pageuh di Jepang, hiji prosés panyampurnaan nu mayeng sarta euweuh eureunna (total quality control atawa gugus kendali mutu).
Kaizen geus ngarobah Jepang jadi hiji nagara anu ngabogaan téknologi anu sanggup ngéléhkeun Barat. Pangawasaan dina perdagangan dunya geus merenahkeun bangsa Jepang jadi bangsa anu pohara diperhitungkeun. Kaizen moal kungsi jalan tanpa didasarkeun ku dorongan pikeun mikir sarta diajar sacara mayeng sacara disiplin, nuju ka kasampurnaan. Ieu pisan rusiah kamajuan maranéhanana. Réstorasi Meiji di Jepang mangrupakeun hiji conto tina léngkah monuméntal ngarobah kaayaan ékonomi, téknologi, sarta budaya bangsa Jepang jadi leuwih hadé. Éta mangrupakeun luncatan jauh (frog leaf) bangsa Jepang pikeun kamajuan dina sagala widang. Dina mangsa saméméh réstorasi, Jepang mangrupakeun hiji kakaisaran anu pohara nutup diri. Nya sabot Réstorasi Meiji, kaisar Jepang ngabubarkeun sistem kasta anu nempatkeun samurai dina tingkatan pangluhurna. Tapi kaisar mertahankeun sifat-sifat kaum Samurai anu alus, pikeun dijadikeun tuladan pikeun sakumna rahayat Jepang nepi ka kiwari. Dangong pantang sumerah, ngajungjung luhur kahormatan sarta kapribadian, sopan-santun, taat ka atasan, rikrik gemi, Nya ieu pisan anu dipikawanoh salaku dangong Bushido. Waktu éta, pikeun ngudag kamajuan, kaum nonoman Jepang dikirim ka rupa-rupa nagara di wewengkon Éropa jeung Amérika sacara gegedéan, kalayan tujuan pikeun diajar. Kabéh buku-buku Barat ditarjamahkeun kana basa Jepang sahingga ngagampangkeun prosés transfer élmu pangaweruh sarta téknologi ti dunya Barat. Nepi ka ayeuna, ampir kabéh buku élmu pangaweruh Barat geus ditarjamahkeun kana basa Jepang. Buku-buku tarjamahanana dijual kalayan harga nu pohara murah. Dorongan éta ogé anu ngajadikeun bangsa Jepang resep maca. Éta bisa ditempo di mamana (di Jepang), boh di karéta api, dina beus-beus, di setasiun-setasiun, boh di mana waé, ampir kabéhanana kalibet dina aktivitas maca. Sanggeus kabéh élmu pangaweruh kaserep sarta kakawasa ku maranéhanana, maranéhanana ngalakukeun évaluasi sarta panyampurnaan. Tuluy, maranéhanana ngamekarkeun sarta nerapkeun ha lieu kana sakumna aktivitas pamaréntahan nagara. Contona: produksi mobil di Amérika Sarikat kawas Chrysler, Ford, jeung Chevrolet umumna ukuranana badag, beurat, sarta awuntah bahan bakar. Ku bangsa Jepang, hal kasebut dibaca, diwincik, diévaluasi, sarta tungtungna disampurnakeun. Saterusna lahir industri mobil Jepang anu mroduksi mobil anu hampang, murah sarta gemi bahan bakar. Saperti nu dipikanyaho ku urang, ayeuna industri mobil Jepang bisa disebut geus ngawasa kalolobaan pangsa pasar wanda mobil sédan kawas mérek Honda, Toyota, Mazda sarta Suzuki. Ieu pisan conto nyata tina hiji kabiasaan anu alus: maca, mikir, sarta kabiasaan ngaévaluasi sarta nyampurnakeun. Fénomena Jepang ieu ngabuktikeun yen Alloh ngaluhurkeun darajat pikeun kaum anu sok mikir. Kedalkeun, Naha sarua jalma anu boga elmu jeung jalma nu tanpa elmu? QS Az Zumar (Rombongan) 39:9 Sumber tarjamahan ESQ karangan Ary Ginanjar Agustian http://ascheve.multiply.com/journal/item/58
