Salam hormat ka baraya kisunda yahoogroups
Hapunten kanu kasuhun abdi ngadamel topik anu kirang sae. Dasarnah mah margi
salami merhatoskeun topik kisunda seuseurna mah tempat curhat atanapi debat anu
teu aya panungtungan.
Tah ieu mah namung usul ti abdi, kumaha supados ngabuktoskeun bahwa kisunda
yahoogroups teh eksistensina aya di dulur-dulur anu gaptek oge nu pang utama na
mah ngajungjung SILIH ASIH SILIH ASAH SILIH ASUH jeung dulur anu janten
tuntunan sesepuh sunda ti baheula.
Program anu di usulkeun ti abdi nyaeta REREONGAN MANTUAN DULUR. Anu pasti ari
namina mantuan mah tangtos aya anu kedah di korbankeun minimalna mah materi.
Tah urang sepakatkeun saha anu tiasa nyepeng amanah tina program ieu, kantun
muka nomer rekening, baraya kisunda kantun transperkeun we. Ari praktekna mah
pasti seueur konsep anu langkung sae ti abdi.
Kaleresan dina waktos ieu dulur2 urang di cianjur nuju keuna musibah, iraha
urang ngabuktoskeun bahwa urang sunda teh SILIH ASIH SILIH ASAH SILIH ASUH
jeung dulur2. Dina waktos ka pengker abdi nuju naek beus kota rombongan
pengamen jalanan nyebarkeun brosur perkawis program mantuan dulur2 di cianjur.
Tah tidinya abdi ngaraos isin ku pangarti tukang ngamen tos ngajunjung SILIH
ASIH SILIH ASAH SILIH ASUH jeung dulur. Piraku abdi teu tiasa, kaleresan
ngagabung dina kisunda, abdi ngaharepkeun pisan tiasa aya parahu anu kanggo
ngajalankeun SILIH ASIH SILIH ASAH SILIH ASUH sareng dulur2.
Sakali deui hapunten kanu ka suhun bilih pangartos abdi lepat.
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/