Kang Roca,
kuring ngomentaran pimpinan bangsa amerika umumna dina hal "demokrasi", ka asup 
Oboma nu cara gawena gesit.
Nagara maju pamimpin bisa ka angkat reputasina dina mintonkeun dirina 
"mentingkeun heule rahayatna" (A), lain sabalikna pemimpin ngarasa 
"dipentingkeun ku rahayatna" (B).

Obama bisa ka pilih lain dina masalah " loba hartana", role mode na  dina 
ditanggtukeun ku cara "A", dina check background na Obama sarua jeung rahayatna 
dina tingkat status jeung ekonomina. Ieu rol mode bangsa USA nu tos tradisi di 
negara adi kuasa. Hiji conto deui Bill Clinton oge sarua ti kalangan dadasarna 
jeung masarakat biasa, malihma kahirupan  conto dua pamimpin Obama jeung 
Clinton rada sarua timimiti sakola sd nepi ka university nepi ka senat / 
gubernur dasarna "gesit gawena, pinter, aya bakat mimpin rahayatna, ....loba 
deui predikat pamimpin nu alus bisa di tiron" ku nagara nu erek ngembang (lain 
nagara maju).

Faktor kapilihna Obama ngabandingkeun jeung si kaya model Bush tos ka bukti 
lain jadi standar bangsa USA pamimpin kudu beunghar. Role mode ditangtukeun ku 
cara "A" ditambah beunghar ningali kaayaan nyatana bangsa nu tos pinuh ku 
jutaan pangangguran, rendahna pendidikan .Standar miskin jeung bodo rahayatna 
kudu dikurangan sacara nasional, sabab bakal ngaruntuhkeun nagara moal 
produktip.

Rahayat "jelata" Si Miskin hayang ningali anu disebut "RATU ADIL" da eta 
koncina suksesna bisa ka pilih ku masyarakat nu nganut faham demokrasi. 
Lain pamimpin  nu boga faham cara "B".
Pamimpin cara "A" nu bakal boga titel "Ratu Adil" kabuengharanana deukeut jeung 
rahayatna, pamimpin nu cara "B" nu bakal boga titel "?".

Mangga lajengkeun saha atuh "ratu adil" US teh??????????????????????????
Diantos ku kaum jelata di bumi nusantara seuna ngigelkeun langsung deukeut 
karahayat nu miskin.  Role mode hiji bangsa kudu ningali cara elmu"cai" jeug 
"taneuh" , lamun dina sato cara"mahesa/munding" leuleutakan ngawuluku nu tos di 
contokeun ku eyang Prabu Siliwangi. 

cag ah baraya kang Oca meureun cocok jadi president masa 12 taun ka hareup 
:)));)));)))

Kang Yana





 



________________________________
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, November 22, 2008 1:20:56 AM
Subject: Re: KG mugi kersa Re: [kisunda] Raja Jawa Hayang jadi Presiden


sedih....US teu boga calon anu HANDAL ti BERBAGAI HAL teh....
aya anu alus, teu boga duit...
aya anu boga duit, teu alus....
aya nu boga duit...alus. ..timna memble...
duitna dikorupsi ku timna sorangan
ari Obama, duitna ti mana...?
keur mah, gol anu dipikangewa ku mayoritas ,,,tapi bisa meunang?
taaaaah...eta demokrasi barat anu dipake ku urg teh...
moal bisa nurutan jiga kitu.....
aya kitu?


--- On Fri, 11/21/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: KG mugi kersa Re: [kisunda] Raja Jawa Hayang jadi Presiden
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Friday, November 21, 2008, 8:10 PM


Asa beurat kang Man boroning rek ngabantuan urang sunda keur dirina sorangan 
(Yogya) bae geus lieureun. Kinerjana minim. Terus ayeuna lumpat ka level 
nasional..beurat atuh, ke kalah urang sunda nu kabawa-bawa lieur. Masalah laina 
dinasti Ki Ageng Pamanahan sigana tamat kang Man. Nu di Solo tos nyebut 
terakhir waktu jam 12, jadi panungtungna PB XII (PB XIII mah antara aya teu 
aya), HB X anakna awewe kabeh. 

Sabenerna memang kudu urang sunda munggaran ngababak ka jalan RI1. 
Hese tunjak-tunjuk mah tapi mun kudu nunjuk nya nu aya diieu milis. Pami kersa 
atuh Kang Ganjar nu majeng. Reueus pisan ka Kang Ganjar. Dina kasus kang Romli 
Atmasasmita tos langsung action solidaritasna, boga wawanen lain nu lazim sok 
geura nyalalingkir sieun kabawa-bawa. Hukum tetep hukum, sosobatan oge 
atasan-bawahan tetep teu dipiceun. KG tos nunjukkeun jiwa jeung wawanen 
pamingpin. 

salam
JP
 




________________________________
From: Maman Gantra <mamangantra2000@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com; [EMAIL PROTECTED] .com; Baraya_Sunda@ 
yahoogroups. com
Sent: Thursday, November 20, 2008 22:41:12
Subject: [kisunda] Raja Jawa Hayang jadi Presiden


Tadi peuting aya utusan Sultan Yogya ka imah. Lain nepungan kuring. Tapi, 
nepungan batur lian, nu geus jangjian jeung manehna. Duanana ngadon "rapat" di 
imah. Agendana: Prak-prakan naon bae nu kudu dilakonan sangkan Sultan bisa 
ditarima ku urang Sunda. Utamana, tangtu bae, mangsa Pemilu taun hareup.

Sanajan teu ngarasa boga kapentingan, alatan diskusina di hareupeun kuring, 
sautak-saeutik kuring oge jadi ngabandungan eta sawala. Malah, satengahing 
molototan komputer teh, sakapeung kuring sok milu ngomentaran. Siga nu heueuh.

Kuring sorangan, sanajan kumerot, keur aya dina posisi teu percaya kana 
calon-calon Presiden nu kiwari disebut-sebut. Kaasup Sultan ieu. Lain perkara 
Jawana. Tapi, kuring teu ningali hal istimewa dina dirina. Paling heunteu 
saheulaanan. (Ongkoh, kuring boga "pangalaman goreng" jeung manehna. Mangsa 
kuring jadi reporter di hiji majalah, jeung manehna salah sahiji komisaris di 
eta majalah). 

Anapon kitu, kuring hayang oge nyaho pamanggih nu lian ngeunaan ieu inohong. 
Hususna dina konteks pencalonan Presiden ieu. Naha kira-kirana pantes heunteu 
ieu Sultan jadi Presiden urang? Naha teu leuwih alus mun urang nunjuk urang 
Sudan atawa urang Argentina salaku Presiden? (Kitu mun bisa, jeung maranehna 
daraekeun). 


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441 

________________________________
Get your preferred Email name! 
Now you can @ymail.com and @rocketmail. com.  
 


      

Kirim email ke