sumuhun kulan, gentos ku suku sanes cobi presidenna, misalna ti irian
nurutan kang obama. rela teu nya urang ?
kang tirta , nuju pakepuk keneh kulan ?



________________________________
From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, November 22, 2008 11:10:02 AM
Subject: KG mugi kersa Re: [kisunda] Raja Jawa Hayang jadi Presiden


Asa beurat kang Man boroning rek ngabantuan urang sunda keur dirina sorangan 
(Yogya) bae geus lieureun. Kinerjana minim. Terus ayeuna lumpat ka level 
nasional..beurat atuh, ke kalah urang sunda nu kabawa-bawa lieur. Masalah laina 
dinasti Ki Ageng Pamanahan sigana tamat kang Man.. Nu di Solo tos nyebut 
terakhir waktu jam 12, jadi panungtungna PB XII (PB XIII mah antara aya teu 
aya), HB X anakna awewe kabeh. 

Sabenerna memang kudu urang sunda munggaran ngababak ka jalan RI1. 
Hese tunjak-tunjuk mah tapi mun kudu nunjuk nya nu aya diieu milis. Pami kersa 
atuh Kang Ganjar nu majeng. Reueus pisan ka Kang Ganjar. Dina kasus kang Romli 
Atmasasmita tos langsung action solidaritasna, boga wawanen lain nu lazim sok 
geura nyalalingkir sieun kabawa-bawa. Hukum tetep hukum, sosobatan oge 
atasan-bawahan tetep teu dipiceun. KG tos nunjukkeun jiwa jeung wawanen 
pamingpin. 

salam
JP
 




________________________________
From: Maman Gantra <mamangantra2000@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com; [EMAIL PROTECTED] .com; Baraya_Sunda@ 
yahoogroups. com
Sent: Thursday, November 20, 2008 22:41:12
Subject: [kisunda] Raja Jawa Hayang jadi Presiden


Tadi peuting aya utusan Sultan Yogya ka imah.. Lain nepungan kuring. Tapi, 
nepungan batur lian, nu geus jangjian jeung manehna. Duanana ngadon "rapat" di 
imah. Agendana: Prak-prakan naon bae nu kudu dilakonan sangkan Sultan bisa 
ditarima ku urang Sunda. Utamana, tangtu bae, mangsa Pemilu taun hareup.

Sanajan teu ngarasa boga kapentingan, alatan diskusina di hareupeun kuring, 
sautak-saeutik kuring oge jadi ngabandungan eta sawala. Malah, satengahing 
molototan komputer teh, sakapeung kuring sok milu ngomentaran. Siga nu heueuh.

Kuring sorangan, sanajan kumerot, keur aya dina posisi teu percaya kana 
calon-calon Presiden nu kiwari disebut-sebut. Kaasup Sultan ieu. Lain perkara 
Jawana. Tapi, kuring teu ningali hal istimewa dina dirina. Paling heunteu 
saheulaanan. (Ongkoh, kuring boga "pangalaman goreng" jeung manehna. Mangsa 
kuring jadi reporter di hiji majalah, jeung manehna salah sahiji komisaris di 
eta majalah). 

Anapon kitu, kuring hayang oge nyaho pamanggih nu lian ngeunaan ieu inohong. 
Hususna dina konteks pencalonan Presiden ieu. Naha kira-kirana pantes heunteu 
ieu Sultan jadi Presiden urang? Naha teu leuwih alus mun urang nunjuk urang 
Sudan atawa urang Argentina salaku Presiden? (Kitu mun bisa, jeung maranehna 
daraekeun). 


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441 

________________________________
Get your preferred Email name! 
Now you can @ymail.com and @rocketmail.. com.  


      

Kirim email ke