LERES
Robert C.Zaehner
upami resep mah aya deui panginten nu langkung jero
Radakrishnan The Principal Upanishad. l953. London
R.E.Hume The Thirteen Principal Upanishads. l934. Oxford 

Tabe pun
AMBU




________________________________
From: Maman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, November 25, 2008 8:30:04 AM
Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] diskusi islam jeung urang


Kaleresan sim kuring nuju ngaos buku  karangan Zehner,  "Mistisisme Hindu 
Muslim", terbitan LKiS.
Ieu buku  nembe 2 kali balikan kuabdi di aosna, basana kacida
beuratna.  Ieu buku ngupas ajaran atanapi filsafat Hindu dan 
Sufis/Tasawwuf. Nu intina  geuning aya kamiripan pisan antawis
Tasawwuf sareng Upanishad  nu mangrupikeun tafsir tina kitab Veda.

Numutkeun penulis ieu,  yen ajaran Abu Yazid al Bustani 
"nyerep" ajaran Upanishad, dibuktikeun dina  seratan-seratan anu
aya dina tulisan "mi'raj" na  Abu Yazid di adu maniskeun sareng
seratan Baghawan Gita tafsiran Ramanuja.. 
Kitu pamendak abdi dinu buku seratan Zehner .

Sakitu heula anu kapihatur,  upami pareng diteraskeun jejer ieu.

Baktos.
mz




--- On Tue, 11/25/08, [EMAIL PROTECTED] fr <[EMAIL PROTECTED] fr> wrote:

From: [EMAIL PROTECTED] fr <[EMAIL PROTECTED] fr>


Kangge bahan pangaweruh, manawi aya anu kagungan referensi ngeunaan
ageman sunda. Di jawa mah rada seueur seratan anu kieu the diantawisna
anu klasik religion of java, geertz atanapi seratan2 , Niels Murder,
zoetmulders, frans magnis, simuh, benedict anderson. Upami aya mah,
sakantenan oge kitab-kitab anu dijantenkeun acuan, sapertos centhini,
darmo gandhul, sasongko jatin sjb. Ku ngaos refernsi sugan tiasa
mairan, jalaran anu dipadungdengkeun ti ngawitan milis ieu kumelendang
asa ngabuntut bangkong. Nuhun
Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss... 
!
________________________________
   
    


      

Kirim email ke