pami teu lepat mah kapungkur sasongko jati, dharmo gandhul, centini sjbna. 
kantos dibahas ku Prof.Dr.H.M.Rasjidi (Fisip UI).... manawi katampi

Tabe Pun 
AMBU




________________________________
From: "[EMAIL PROTECTED]" <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, November 25, 2008 11:07:40 AM
Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] diskusi islam jeung urang


Buku Dr. Rozaq mah tos ngaos. Anu diperyogikeun the sabangsaning sasongko jati, 
dharmo gandhul, centini sjbna.
Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss... 
!
________________________________
From:  "Waluya" <[EMAIL PROTECTED] co.id>
Date: Tue, 25 Nov 2008 11:03:54 +0700
To: <[EMAIL PROTECTED] .com>
Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] diskusi islam jeung urang

> From: [EMAIL PROTECTED] fr
> Kangge bahan pangaweruh, manawi aya anu kagungan referensi ngeunaan ageman 
> sunda. Di jawa mah rada seueur seratan > anu kieu the diantawisna anu 
> klasik religion of java, geertz atanapi seratan2 , Niels Murder, 
> zoetmulders, frans magnis,
> simuh, benedict anderson.

Duka nyambung, duka henteu sareng nu ditaroskeun ku Kang Ganjar, kuring 
gaduh buku judulna teh " TEOLOGI KEBATINAN SUNDA, Kajian Antropologi Agama 
Tentang Aliran Kebatinan Perjalanan",  Dr. Abdul Rozak, PT Kiblat Buku 
Utama. Buku ieu tadina mangrupakeun Thesis doctorna pangarang di IAIN Syarif 
Hidayatullah. Abdul Rozak dosen UIN Sunan Gunung Jati. Nu istimewa dina buku 
ieu, baraya urang Kang Engkus Ruswana disabit-sabit .....

Kulantaran kuring mah sanes urang sosial-budaya, teu pati wantun ngomentaran 
eusi buku ieu, ngan resep we pedah  seueur cutatan jangjawokan, saperti 
jangjawokan paraji dihandap ieu:

Sangiang Sagandangan,
Sangiang Sangender,
Upik Ulah rek sinigawe ka urang manusa,
manusa madia pada aing weruh ngaran sia,
Nyi Godru, Nyi Buludru, Nyi Dangiang Serang,
Sang Suing Kaleandap,
Bek mati kuntilanak,
hurip ku sang Anak-anak,
Si Lunggupung ngaran indung,
Ki Daleungdang ngaran Bapa,
anta maja anta guna,
babu dayang sabrang kelong ......

Baktos,
WALUYA

    


      

Kirim email ke