Nu jadi kahemeng teh naha geuning nu ngagem agama asli bet ditandasa, lolongkrang hirup jeung kahirupanana dipager jeung disesered, malahan aya nu ngahaja sangkan leungit, contona kawin nu teu dumasar kana agama deungeun hayoh dianggap kumpul kebo, dianggap teu sah jadi teu meunang bukti kawin ti nagara, nu antukna boga anak dianggap anak haram jadi teu boga akte lengkep (najan meunang ngan disebut anak indung teu disebut ngaran bapana/haram? ?), AA: Ieu panginten nu disebat konskwensi logis tina suara terbanyak teh. Da jelas mayoritas ngagem hiji agama, nya di dieu panginten si minoritas kedah kompromi teh, da masalah haram halal kapan eta ge Ti Gusti Nu Murbeng Alam; parentah langsung ?! Cek abdi mah teu aneh, da agama cepengan mayoritas nyebatkeun kitu ! Sareng eta teh sanes ti "Individuu" ; tapi aya Kitab Sucina ti Gusti anu Mangeranan sakabeh Alam. Nya kaasup urang Sunda oge. balukarna dina jadi pagawe ge teu meunang tunjangan anak-pamajikan da teu boga akte kawin ti pamarentah. Jadi pagawe nagri lian ti hese abusna, oge dina bisana ge abus tong ngaharepkeun bisa dipromosikeun najan pinter jeung jujur sakumaha oge, hayang jadi tentara atawa pulisi teu bisa da saratna kudu meluk salah sahiji agama ti luar (nu-5), di lingkungan masyarakat sumawonna dianggap aneh, kadang dipikangewa pedah nyepeng kayakinan nu beda ti umumna, padahal boh nu nyepeng pamarentahan, boh masyarakat umumna cenah geus ngagem agama nu suci, naha dina prak-prakanana bet kitu???. Ieu kitu nu ku sabagean urang Sunda sok disarebut “Jati kasilih ku Junti teh”.. AA: Sakedahna mah mayoritas toleran ka minoritas. Tapi perkara didamel sareng nyiar Rizqi mah duka eta mah praktekna kumaha jalmina we . Sareng deui nyepeng agama seueur oge nu ngan KTP na wungkul, malah praktekna mah langkung ti nu teu nyepeng agama teu leresna teh. Sanes Agamana nu lepat, namung ieu mah jelas pribadina tea. Tah di Islam oge ayeuna, panginten anu leres2 nyepeng agamana mah boa boa tiasa dietang ku ramo ! Janten Islam nu leres hoyong kasalametan mah rupina minoritas oge ayeuna mah. Seuseueurna nya munafiqun tea, Agama mung ukur kedok ! Pantes upami di Indon seueur CUNAMI oge. Kitu cek pamikir kuring mah. balukarna dina jadi pagawe ge teu meunang tunjangan anak-pamajikan da teu boga akte kawin ti pamarentah. Jadi pagawe nagri lian ti hese abusna, oge dina bisana ge abus tong ngaharepkeun bisa dipromosikeun najan pinter jeung jujur sakumaha oge, hayang jadi tentara atawa pulisi teu bisa da saratna kudu meluk salah sahiji agama ti luar (nu-5), di lingkungan masyarakat sumawonna dianggap aneh, kadang dipikangewa pedah nyepeng kayakinan nu beda ti umumna, padahal boh nu nyepeng pamarentahan, boh masyarakat umumna cenah geus ngagem agama nu suci, naha dina prak-prakanana bet kitu???. Ieu kitu nu ku sabagean urang Sunda sok disarebut “Jati kasilih ku Junti teh”.. AA: Sakedahna mah mayoritas toleran ka minoritas. Tapi perkara didamel sareng nyiar Rizqi mah duka eta mah praktekna kumaha jalmina we .
