Saenyana beurat tangtangan ngagem agama luluhur sorangan teh, baheula ceuk 
sajarah keur jaman kahotna sumebar agama dunya, luluhur nu ngagem keneh agama 
pribumi tempatna diancurkeun jeung jalmana diudag-udag, kanyataan runtuhna 
Majapahit ku Demak, Runtuhna Galuh ku Demak jeung Cirebon, runtuhna Pajajaran 
ku Banten jeung Demak. 
AA: Di na masalah ieu aya pamangpaatan KAKAWASAAN, tah can puguh dipiridho ku 
Nu Murbeng Alam nu ieu mah. Kakawasaan make Agama, persis Romawi ngagunakeun 
Kristen. Sigana mah ieu tah EKSES Agama teh. 
 
gagem kasundaan d ditandasa tepi ka binasa, kitu oge jaman rengsena PKI, ku 
lantaran teu ngaku salah sahiji agama nu aya nya loba oge nu ditandasa jeung 
dibui da dianggap PKI, eeh jaman ayeuna oge masih keneh aya sikep diskriminasi 
boh ti pamarentahan, boh ti masarakat umum, asana mah euweuh nu ngabelaan 
sumawonna  narulungan, malahan mah sok loba nu ngilu nyalahkeun, iraha atuh 
pabaralik pikirna ???.Jadi teu aneh lamun loba nu kapaksa pikeun identitas 
dirina jadi nyepeng agama nu dikudukeun ku pamarentah/masaraka t, cenah da 
bongan dipaksa keun bae itung-itung  “nyumput buni dinu caang” supaya teu 
dikucilkeun. Nyana kitu boh pamarentah, boh masarakat umum geus ngadorong 
sabagian rahayatna pikeun teu jujur/ngabohong, padahal apan ngabohong teh geus 
ingkar tina ajaran agama naon bae oge. Buktina waktu ngeusian formulir KTP teu 
ngaku ngagem salah sahiji agama nu-5, eeh jebulna jadi KTP duka ku Camat atawa 
Lurah/Kapala Desa sok rajin dieusian jadi
 ngagem salah sahiji agama, ari diprotes alesanana cenah kitu aturanna jeung 
euweuh dina komputerna, jadi mun teu dieusi komputerna macet, euuh..... kutan 
nya manusa eleh ku komputer. Matak pantes lamun akibatna bangsa urang disebut 
bangsa munafik teh da geuning kanyataana kabohongan teh dirarojong, jeung sok 
sanajan bangsa Indonesia teh mayoritas ngagem agama suci, geuning kanyataanna 
tingkat korupsi kawilang pangrongkahna di dunya, kriminalitas lianna oge 
rongkah (geuning unggal poe urang ngabandungan jeung nyakseni dina TV sagala 
bentuk kaingkaran jeung angkara murka), dina kahirupan sapopoe geuning jelas 
nyolok mata buncelik yen nilik kana ukuran gajih teh teu mungkin upamana loba 
pejabat nu boga kakayaan nu lubak-libuk, tapi geuning ku masarakat mah tetep 
dipikaserab jeung diajenen pisan, nyata geuning laku-lampah nu nyimpang teh 
dirarojong, jadi dina hal ieu masarakat ge milu andil dina ngadorong perilaku 
nyimpang teh, matak pantes mun alam ge
 ngambek luntur welas asihna, da jalma nu ngeusian ieu alam geus loba nu ingkar 
tina kamanusaan jeung leungit kawelas-kaasihna boh ka sasamana boh ka alamna, 
pan ceuk ajaran kisunda mah antara alam jeung nu ngalaman teh ngabogaan sifat 
silih gumantung, da buktina nu ngawujud jadi waruga nu ngabogaan daya teh 
asalna tina saripatina alam (acining cai-bumi-angin/ udara-seuneu jeung sari 
rasa alam). Mangga urang sami-sami ngalenyepan. ... 
AA: Leres pisan kulan, jalmi Indon, sanes mung ukur Sunda dudunya teuing. 
Hilap ka na Purwadaksina. Munafiquun tea. Upami kitu sanes mung Sunda iwitan 
wungkul sakeresna mah, nu keuheul atawa hareneg teh nya nu ngagem agama bari 
jeung bener. Tah nu kitu pasti teu resep ka bangsa munafiquun nu pura pura 
atawa api api. 
Matak ku sim kuring mah disebatkeun we pejabat mu sok curaling, eta teh mafia 
tea. 
Saprak dikaluarkeuna UU-23/2006 ngeunaan Administrasi Kependudukan jeung 
PP-37/2007 ngeunaan pelaksanaan UU-23/2006, aya saeutik kamajuan keur urang 
penghayat/ agama lokal pikeun nganyatakeun identitas kapercayaan dirina, sok 
sanajan masih dikilungan ku cara kolom agamana dikosongkeun, oge dina kawinna 
geus bisa dicatetkeun di kantor Catatan Sipil. 
AA: Alhamdulillah , memang lamun "Agama sempit/picik" maka ngahasilkeun 
pelecehan ssjb. Padahal sadaya oge IBADAH ka Gusti Nu Murbeng Alam. Tah iu teh 
gumantung ka na lega ambahan atawa cetek pamikirna ti para individuu. Padahal 
na Qur'an oge tos disebatkeun Ulil Albab sareng Ulil Abshar ( Luas pengetahuan 
dan Luas Pandangan ).


      

Kirim email ke