rumasa abdi ambek... sabab harita Kang ABBAS teh apan nyeuseurikeun
nyebut : "hihiihii sok ath geura taronton kadinya... lucu nya bet baralik kana 
agama PURBA..." tah emut teu. Atuda nunjuk mah gampil ... Kang Abbas 
teu cara nunjuk atawa meunteun ka diri sorangan.

sadayana posting kang ABBAS ku abdi diarsip
keur bukti

AMBU




________________________________
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
To: kisunda <[email protected]>
Sent: Wednesday, November 26, 2008 8:31:40 AM
Subject: [kisunda] komentar seratan kang Ruswana Bag. V


Kunaon pangna simkuring nyebut ieu pananyaan kang Abbas Amin teh biasa, nya 
sabab maklum yen umumna jalma mah mun rek tatanya teh sok nyoko kana dasar 
cecekelanana pribadi, pon kitu deui dina perkara agama umumna patokan nu 
dijadikeun ukuran teh nyaeta ukuran agama Samawi, matak wajar mun jebulna 
pananyaan teh samodel kitu.Jadi mun teu sarua jeung patokan eta dianggapna lain 
agama nu antukna agama seperti Hindu jeung Konghucu nu tadina teu wanoh kana 
konsep nabi jeung sorga/naraka geuwat ngabebenah diri neangan saha nu 
dijadikeun nabi jeung ngupayakeun pikeun nerangkeun konsep swarga/naraka, 
Konghucu teu ngenal kitab suci, geuwat ngumpulkeun ajaran-ajaran nu dijadikeun 
kitab suci, oge mun teu salah dina Agama Budha teu wanoh kana konsep Tuhan. Tah 
nu matak teu ngarti naha ari ka Hindu, Budha, Konghucu teu raribut teu protes 
dikatagorikeun sebagai agama, naha ari agama-agama buhun/pribumi nu asli 
dilahirkeun di bumi nusantara sorangan bet saheng pada
 protes teu meunang ngaku agama, sabab eta mah budaya cenah. Naha saha nu boga 
hak nangtukeun kriteria agama, jeung mutuskeun eta agama, nu itu lain 
agama....... .(wah lieur deh) 
AA: Sim kuring sakapeung sok nguping oge perkara ieu teh, hoyong masihan 
komentar, tapi kapan teu jelas, supaya komentarna teu sakarep isun, meureun ku 
du tatanya heula; mun geus aja response kapan ngomentaranana tepat tah. Tapi 
kadang pananya kahiji lain dijawab malah bari ku ambek ! Tah nu kieu moal matak 
ngalancarkeun hiji diskusi; jadi kumaha bade sosialisasina, cacakan nanya awal 
oge tos dibuntukeun ? 
Kumaha atuh ? Kuring ieu teh bari ngabantuan sosialisasi ku motto TAK KENAL 
MAKA TAK SAYANG. Mudah2an wae atuh dihiap hiap; teu dihiap hiap oge atuh ulah 
dianggap musuh !!! 
Tuh musuh mah para MAFIA Munafiquuun ! 
    


      

Kirim email ke