Kunaon pangna simkuring nyebut ieu pananyaan kang Abbas Amin teh biasa, nya sabab maklum yen umumna jalma mah mun rek tatanya teh sok nyoko kana dasar cecekelanana pribadi, pon kitu deui dina perkara agama umumna patokan nu dijadikeun ukuran teh nyaeta ukuran agama Samawi, matak wajar mun jebulna pananyaan teh samodel kitu. Jadi mun teu sarua jeung patokan eta dianggapna lain agama nu antukna agama seperti Hindu jeung Konghucu nu tadina teu wanoh kana konsep nabi jeung sorga/naraka geuwat ngabebenah diri neangan saha nu dijadikeun nabi jeung ngupayakeun pikeun nerangkeun konsep swarga/naraka, Konghucu teu ngenal kitab suci, geuwat ngumpulkeun ajaran-ajaran nu dijadikeun kitab suci, oge mun teu salah dina Agama Budha teu wanoh kana konsep Tuhan. Tah nu matak teu ngarti naha ari ka Hindu, Budha, Konghucu teu raribut teu protes dikatagorikeun sebagai agama, naha ari agama-agama buhun/pribumi nu asli dilahirkeun di bumi nusantara sorangan bet saheng pada protes teu meunang ngaku agama, sabab eta mah budaya cenah. Naha saha nu boga hak nangtukeun kriteria agama, jeung mutuskeun eta agama, nu itu lain agama....... .(wah lieur deh) AA: Sim kuring sakapeung sok nguping oge perkara ieu teh, hoyong masihan komentar, tapi kapan teu jelas, supaya komentarna teu sakarep isun, meureun ku du tatanya heula; mun geus aja response kapan ngomentaranana tepat tah. Tapi kadang pananya kahiji lain dijawab malah bari ku ambek ! Tah nu kieu moal matak ngalancarkeun hiji diskusi; jadi kumaha bade sosialisasina, cacakan nanya awal oge tos dibuntukeun ? Kumaha atuh ? Kuring ieu teh bari ngabantuan sosialisasi ku motto TAK KENAL MAKA TAK SAYANG. Mudah2an wae atuh dihiap hiap; teu dihiap hiap oge atuh ulah dianggap musuh !!! Tuh musuh mah para MAFIA Munafiquuun !
