Mairan  sakedik
Kunaon Muawiyah merangan Ali ra. ?

Kieu sababna

Waktu Ustman bib Affan ra. ditelasan ... teras digentos we ku Ali. ra
Ali ra. marentahkeun pikeun ayana panalungtikan saha nu nelasan Khalifah
Utsman

Hasil panalungtikan meunang hasil ...
Manahoreng kelompok nu nelasan Utsman teh salah sahijina anak angkatna Ali
ra.
kulantaran kabuktian nya ku Ali ra. dihukum pati

Tapi Muawiyah tetep teu tarima
Muawiyah nuduh Ali jadi "dalang" na oge
terus hukuman pati teh cenah jang "nutup mulut" antek-antek na
nya teras we Muawiyah baruntak

cag.





On Thu, Nov 27, 2008 at 1:46 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   > From: Abbas Amin
>
> > Sok atuh der kainyah kang Waluya medar sajarah islam. Nuhun pisan.
>
> Ieu posting kuring di Kusnet, sababraha waktos kapengker, sumberna ti Buku
> "Sajarah Islam", kenging Prof. K. Ali :
>
> Samemeh kuring neruskeun perkawis Dinasti Abbasiyah nu ngagentos Dinasti
> Umayyah, kuring rek balik heula ka tukang, soal Bani Umayyah jeung Bani
> Hasyim di suku Quraisy di Mekkah. Di suku Quraisy aya dua kolompok
> kulawarga nu ageung pangaruhna, nu asalna mah sakaturunan, nyaeta Bani
> Umayyah jeung Bani Hasyim. Dua "bani" ieu teu pati akur, sok papaseaan wae,
> sanajan sami urang Quraisy, kulantaran rebutan pengelolaan Kabah. Ibadah
> Haji geus aya ti samemeh Kangjeng Nabi lahir, janten nu ngelola Kabah gaduh
>
> kauntungan ekonomis ti para peziarah.
>
> Kangjeng Nabi sareng Ali bin Abu
> Thalib kalebet ka Bani Hasyim, ari Abu Sufyan kalebet ka Bani Umayyah. Jadi
> upami Abu Sufyan dengki teras-terasan ka Kangjeng Nabi, tiasa diurut ti
> para
> karuhunna, anu memang teu pati alakur. Tapi waktos Kangjeng Nabi naklukkeun
> Makkah, Abu Sufyan nyerah, teras lebet Islam. Muawiyah putra Abu Sufyan
> dicandak ku Kangjeng Nabi dijantenkeun sekertaris anjeunna, margi Muawiyah
> teh jalmina pinter. Kitu deui saderek istri Muawiyah dijantenkeun Istri
> Kangjeng Nabi. Ku jalan kieu, mumusuhan dua "Bani" ieu tiasa
> ditengtremkeun.
>
> Ngan hanjakal saatosna Nabi pupus, pangpangna waktos Khalifah Ustman
> manggung, mumusuhan Bani Umayyah sareng Bani Hasyim mucunghul deui, kumargi
> Khalifah Ustman kalebet Bani Umayyah. Mumusuhan ieu tambah ragot di jaman
> Ali bin Abu Thalib janten Khalifah, dimana Sayidina Ali perang sareng
> Muawiyah nu janten Gubenur Syria. Sawaktos Ali pupus, Muawiyah ngadegkeun
> Dinasti Ummayah di Damascus. Mumusuhan dua Bani ieu puncakna waktos
> Husein bin Ali, putu kangjeng Nabi ditelasan di Karbala.
>
> Dinasti Abbasiyah diadegkeun ku cara revolusioner dina ngaruntagkeun
> Dinasti
> Umayyah. Anu ngadukung Dinasti Abbasiyah nyaeta Tokoh-tokoh Bani Hasyim,
> Kaum pendukung Husein (Syiah) jeung Mawalli (Muslim non Arab) nu ngarasa
> dianak-terekeun ku Dinasti Umayyah. Pendiri Dinasti Abbasiyah nyaeta ABU AL
> ABBAS AL SAFFAH (750 - 754 M/ 133-137H) nu ngelehkeun Pasukan Marwan II
> (dinasti Umayyah). Marwan lumpat ka Mesir, tapi akhirna ditewak teras
> ditelasan. Abu Abbas diangkat jadi khalifah ku pengikutna di masjid di
> Kufah
> Irak di tahun 133H (750M). Tindakan pangheula nu dilakukeun ku Khalifah nu
> anyar dilantik ieu nyaeta ngabasmi nepi ka beak turunan Dinasti Umayyah.
>
> Turunan Dinasti Umayyah dibeberik kamana-mana, teras ditelasan. Paman Abu
> Abbas nu namina Abdullah, ngondang turunan Dinasti Umayyah di acara tuang
> kanagaraan, tapi nuju tuang teras sadayana ditelasan. Dinasti Umayyah,
> dibasmi henteu wae anu hirup, tapi oge anu geus dimakamkeun. Makam-makam
> Dinasti Umayyah dikali, tulang-talengna dikaluarkeun teras diduruk. Tapi
> salah saurang Dinasti Umayyah tiasa nyalametkeun diri, nyaeta ABDUR RAHMAN,
> anjeunna akhirna tiasa ngadegkeun kakawasaan Bani Umayyah di Spanyol
> (Andalusia).
>
> Abu Abbas ku kakejemanana gaduh gelar AL SAFFAH nu hartosna "si Penumpah
> Darah" (hese nyundakeunana). Tapi ku kakejemanana ieu masihan pangaruh nu
> ageung ka kakawasaan Abu Abbas, kakawasaanana salaku Khalifah diaku di
> sakabeh wilayah Asia, Mesir jeung Afrika Kaler. Abu Abbas teu lami
> marentah,
> anjeunna pupus saatosna marentah 5 taun. Tapi sateuacanana pupus anjeunna
> nunjuk saderekna ABU JA'FAR AL MANSHUR (137-159M/ 754-775M).
>
> Saha atuh Abu Abbas Al Saffah pendiri Dinasti Abbasyiah teh? Anjeunna
> kalebet Bani Hasyim. Silsilahna kieu. Akina Kangjeng Nabi, Abdul Muthalib
> gaduh putra, Al Abbas, Abdullah (ramana Kangjeng Nabi) sareng Abu Thalib
> (ramana Sayidina Ali). Al Abbas rakana Abdullah (janten Uana Kangjeng Nabi)
> gaduh putra Abdallah, apaputra ka Ali bin Abdallah apaputra Muhammad bin
> Ali
> apaputra ABU AL ABBAS AL SAFFAH, janten turunan ka lima ti Abdul Muthalib,
> panginten bao mun di urang mah.
>
> Dinasti Abbasyiah cukup lami nyepeng kakawasaan kekhalifahan Islam. Di
> Jaman
> Dinasti Abbasyiah Islam langkung majeng deui. Harun Ar Rasyid khalifah nu
> kasohor arif jeung bijaksana, anjeunna khalifah nomor 5 ti dinasti
> Abbasyiah. Di jaman Dinasti Abbasyiah ieu aya dongeng Abu Nawas, Nasrudin
> jeung 1001 malam nu dipakaresep ku urang Barat dugi ka diterjemahkeun.
>
> Kumaha riwayat Abdur Rahman, turunan Bani Umayyah, nu salamet, teras
> ngadegkeun karajaan Islam di Spanyol? ...............engke upami payeng
> urang sambung deui.
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke