AA: Hahahaha, nuhun Kang waluya......... lah punten weee abdi nyanyahoanan, ieu mah da dikaitkeun ka nu sok kena kena aing Islam, terus we ngarasa geus dipiasih ku Gust; moal dihukum cenah, cek pamikirna; padahal mah saha be nu mikir, nu ngajalankeun hak, masing kafir oge boga hak maju; di dinya Kaadilanana Gusti teh. Jeungna deui meureun Inggris jeung Jepang mah "Kapalana" di na marentah teh nyekel kaadilan. Teu angkara murka. Leres kang Waluya; da pastina ge ti na Buku Sajarah; ari kuring mah hehehehe.... asal nyabut. Sok atuh der kainyah kang Waluya medar sajarah islam. Nuhun pisan. Abbas Amin
--- On Thu, 11/27/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Gusti Anu Maha Adil To: [email protected] Date: Thursday, November 27, 2008, 2:53 AM > From: Abbas Amin > Contoh : Golongan Muawwiyah. Kapan sakitu kawasana sanggeusna ngelehkeun > Ali bin Abi Thalib ! Tapi akhirna ancur ku Wangsa Abbasiyyah. Tah nu ieu > ge > meureun loba hahareman jste; maka Gusti nurunkeun "Kadilanana" ; Hulagu > urang Mongol teu hir teu walahir di na Islam; ngancurkeun Abbasiyyah nu > takabur. > Akhirna sabagian gede ti eta Bangsa Mongol assimilasi jadi Islam, nepi ka > lahir > bangsa Turki. Satuju Bah, ngan kuring mere catetan kana analogi Bah AA, sabab logika karajaan runtag kulantaran "dikutuk" Tuhan, bisa "menyesatkan" . Aya nagara-nagara nu langgeng tepi ka ayeuna, siga Inggris atawa Jepang. Para Raja/ Ratu/ Kaisar nu ayeuna ngadeg, masih katurunan raja-raja "jaman purba" (sarebu taun katukang). Pan upami nganggo logika Bah AA mah, hartosna Karajaan Inggris sareng Jepang teh ........hehehe mangga teraskeun ku nyalira. Ari ceuk kuring mah nagara-nagara jaman baheula (boh Islam, boh nu sanes) akhirna runtag sabab beuki kawasa hiji dinasti nu mimitina mah dinamis, beuki statis/ stagnan jeung otoriter, embung nyieun torobosan hal-hal nu anyar. Akibatna ku tumuwuhna jaman geus teu bisa miluan deui, runtag weh. Ieu beda jeung Inggris atawa Jepang. Karajaan Inggris bisa langgeng tepi ka ayeuna, sabab dinamis. Magna Charta nu ngabatesan hak-hak raja (pangawasa) dijieun di abad ka 12, padahal di tempat sejen, jaman harita para raja teh pangawasa totaliter, malah sok dianggap ngawakilan Tuhan di Dunya!. Jepang oge sarua, terus-terusan ngarobah "dirina", terbuka kanu hal-hal tiluar ........ Kaleresan kuring gaduh buku saku "Sejarah Islam", kenging Prof. K. Ali, didinya diterangkeun kunaon Dinasti Muawiyah jeung Abbasyiah akhirna runtag ........ Baktos, WALUYA
