Sampurasun kang Abbas, Mangga kang teraskeun, dibandungan ku simkuring.....deuh endah lah pami kieu mah, urang silih asah teh, silih simbeuhan ku pamanggih, silih bukakeun katerang. Tah pami kieu mah papada urang teh moal silih sangka. pan ayana pacogregan teh biasana ku pedah pada teu apal ka batur...tungtungna silih sangka ngarasa pangbenerna keur sorangan, salawasna salah nu batur mah. Da kitu hukumna pami urang ngan ulukutek dinu sorangan, bari embung apal ka batur (kurung batok te panginten) bakal ngabalukarkeun ngarasa pangalusna. lir ibarat urang cicing bae di imah sorangan, bakal teu apal kaayaan di luar imah, malah imah sorangan ge teu ngatingali kumaha kaayaannana mun ditingali ti luar. Tah ku ngalangkungan komunikasi urang bisa silih kanyahokeun, nu teu apal jadi apal, nu tadina boga sangkaan hejo tiasa janten bodas saatos di pagunemkeun, ku dialog bakal tiasa "menjembatani" sagala pangabeda. Nu penting mudu didadasaran hate bersih. Mangga kang dilajeng. pun tabe pun. Engkus.
--- Pada Rab, 26/11/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Dari: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> Topik: [kisunda] komentar seratan kang Ruswana Bag. VII Kepada: "kisunda" <[email protected]> Tanggal: Rabu, 26 November, 2008, 5:46 PM urang bisa nyieun curuk nu mangrupakeun sabagian leutik tina diri, paling oge bisa curuk buatan nu pasti moal sarua jeung curuk ti Gusti, Jelas didieu yen tulisan jeung elmu (Kitab Suci) Nu Maha Kawasa mah moal bisa diturutan ku jalma, nyata Sucina, matak kuring mah sok helok ngabandungan laku manusa nu leuwih miajen jeung leuwih ngamumule Kitab Suci Agama nu diagemna tinimbang dirina, malah aya nu rela ngorbankeun dirina demi keur ngabela eta Kitab. ....Nya mangga, eta mah soal pilihan hirup. AA: Sim kuring mah teu helok, teu heran, da kapan eta teh Catetan atawa BUKU nu ngadokumentasi DAWUHAN GUSTI Nu Murbeng Alam. Piraku diantep onaman atuh. Da sanes sabuku bukuna atuh; eta mah Dawuhan anu Kagungan sagalana ? Sedengkeun Iblis anu berjasa wae kenging bebendon kapan ? Atuh komo urang ? nu memang diparentah kudu ngatur Dunya; tah dibere cecekelan, nya eta Kitab Suci, nya merenah weee mun dibela ge. Tapi eta ge mun ihlas, da aya oge meureun nu ngan ukur WAH ! Kumaha Sholatna jeung Syahadatna ?, Ajaran luluhur Sunda teu ngenal kecap sholat, nu aya mah Sembahyang tina kecap sembah + hyang, nu hartina Manembah/kumawula ka Gustina. Tah dina raraga kumawula teh tangtu mudu dikanyahokeun heula saha nu rek dikawulaan jeung saha nu kumawulana, anu tangtos kedah nganyahokeun heula saha Kuring jeung saha Gusti Kuring, saha diri kuring jeung saha wujud Gusti Kuring, matak sok dimimitian heula ku maca jeung ngaji diri : Saha jeung timana ari dat nu aya dina diri naon bae pangawasa nu aya dina diri, timana asalna jeung naon pancenna, sanggeus kapendak nya atuh geura saadatkeun, lamun rumasa dijadikeun manusa asal ti Nu Maha Kawasa atuh geura saluyukeun make adatna manusa nu ngabogaan sifat welas asih, lamun ngarasa jeung rumasa dikersakeun jadi mahluk pangunggulna tinimbang mahluk gusti nu liana, nyata ku lengkepna pangawasa titipan ti Nu Maha Kawasa atuh tangtu ngabogaan pancen pikeun ngatur dunya (ceuk wayang mah Sanghyang Jagatnata) sangkan di dunya mulus rahayu berkah salamet silih pikawelas pikaasih keur sakabeh mahluk pangeusi dunya, da dunya teh keur sarerea lain ngan ukur keur manusa tapi oge keur sakabeh mahlukNa, tinangtu di dunya kudu ngajalankeun kaadilan. Tah lamun geus dipercaya ku Gusti jadi urang Sunda (da pan lain meunang nawar urang jadi urang Sunda teh, estu ku KersaNa), atuh prak geura saadatkeun numutkeun adat jeung budaya bangsana, da matak aya adat jeung budaya di saban bangsa ge tangtu oge kenging rahmat atanapi kersaning Gusti oge, prak geura pigawe. Tah lamun urang geus nganyahokeun kalayan rumasa jeung tumarima kana kersaning Gusti, tangtu sah adatna lamun manusa sunda ngajalankeun kamanusaan pikeun mancen gawe ngilu ngatur dunya, hususna di lemah-caina nu didumasaran ku welas asih, kalayan make cara ciri jeung adat budaya Sunda nu ngurus dirina sangkan cageur-bageur- bener-pinter- jujur jeung salamet, ngamumule lemah-caina, miajen jeung mituhu ka luluhurna, kumawula ka gustina make basa jeung budaya nu sorangan teu kudu nginjeum basa jeung budaya deungeun, tinangtu sah adatna. AA: Satuju pisan, memang sakedahna kitu, eta nu kenging pituduh ti Gusti Nu Maha Kawasa. Tapi ari sim kuring mah ku sabab Nabi Muhammad SAW oge nampi Wahyu ti AnjeunNa sanes ti Iblis; cenah Sahadat teh kedah LaaIlaaHa Illa Allah; Muhammadar Rasuulullah. Tah atuh dugi ka ayeuna ge eta weee syahadat sim kuring mah. Lantaran kayakinan sim kuring Muhammad bin Abdullah teh Nabi panungtung, punten. Tah nu kacatur di luhur nu disebut sembahyangna urang Sunda baheula mah, jadi lain muja-muji ka Pangeran da bisa ngucap jeung nyarita teh estu ku pangawasa Maha Ucap Anjeuna, lain sumbuh sembah ka Pangeran da bisa obah ngalangkah teh estuning ku pangawasa Maha Hirup Anjeunna, tara puntu-penta ka Pangeran da Gusti mah Maha Uninga, naon bae nu dipilampah jeung nu dipikabutuh mahlukna Gusti mah tos Uninga kukituna Anjeuna parantos netepkeun hukum-hukumNa, jadi sagalana di Gusti mah geus nyampak, maenya ngiriman cai ka lautan. AA: Punten, Memang Gusti Nu Murbeng Alam sagala Uninga; ngan wae Anjeunna marentah he Manusa maneh pek menta ka Kami. Sarengna deui manusa kapan kedah USAHA; ari Do'a eta teh salah sahiji Usaha manusa. Sanes cangcaya ka Gusti, mung parentah tea sareng Usaha. Da kapan Gusti Nu Uninga; tapi urang mah OLOL LEHO pisan; teu terang urang ka na Qadha sareng Qadar anu bakal tumiba. Ku margi kitu, urang NU butuh, sanrs Gusti Nu butuh. Da kapan ti zaman janggawareng oge dina Carita2 Pantun ssjbn, seueur nu nyarioskeun tatapa ngisat salira; naon eta hartosna ? Hartosna mementa ka nu Mere Sagalana hiji atawa sababaraha hal. Arjuna oge kapn mementa Senjata tah ka Dewa.. Ai ngadu'a mah eta teh hiji hl anu hade pisan; sanes Gusti nu teu Unnga; tapi urang nu butuh! Da moal enya Gusti mwarang ngadu'a ka mnusa mun teu aya gunana mah ? Jadi tinggal prak migawe kamanusaan saluyu jeung kudratna ti Nu Maha Kawasa dan eta memang Kersana, matak ceuk dulur-dulur ti Kanekes mah geus dijadikeun papagon hirup sapopoe pikeun “tapa di mandala” nu hartina prak digawe molah alam kalayan ngajaga kasucian alam raya (buana ageung) jeung ngajaga kasucian buana alit (diri) ku tekad ucap jeung lampah nu hade luyu jeung papagon kamanusaan. AA: ae eta ge, ngan asa teu aya bedana nu percaya ka Gusti sareng henteu; da kapan Atheis oge ari tujuanana mah cenah kamanusaan tea. Nya dina raraga rumasa jeung tumarimana ka Nu Kawasa, osok oge ngajalankeun laku Heneng-Hening- Eling-lan Waspada, nu intina namperkeun rasa, pikir elingan jeung kuringna pikeun nganuhunkeun Agungna ka Gusti Nu Maha Suci, jembarna ka Ibu Pertiwi (bumi) jeung Rama Angkasa (langit), oge ka Indung-bapa jeung ka para luluhur oge ka pangkon rasa sabudeur awun, rehna rumasa jeung tumarima geus dibere sagala kanikmatan, kalayan nyata kawelas-kaasihNa, atuh dina amitsunna cukup dina batin bae kalayan make basana sorangan nu kaharti ku dirina. Apan Gusti mah ngarti (Maha Uninga) kana sagala basa, karek kereteg ge geus kanyahoan (kitu sanes?). AA: Nya ari ka nu dipasihan "ilapatna" kedah kitu mah, nya mangga wae. Tapi ari abdi mah Langsung aya seratanan ti Gusti Nu Maha Kawasa ngaliwatan Muhammad bin Abdullah; jadi aya oge kacindekan teu kudu neangan sorangan model kang Ruswana. Jadi fully documented tea panginten; ari Kang us mah panginten nampi Ti Gusti kedah kitu teh, tapi bari teu didokumentasikeun. Berbagi video sambil chatting dengan teman di Messenger. Sekarang bisa dengan Yahoo! Messenger baru. http://id.messenger.yahoo.com
