urang bisa nyieun curuk nu mangrupakeun sabagian leutik tina diri, paling oge
bisa curuk buatan nu pasti moal sarua jeung curuk ti Gusti, Jelas didieu yen
tulisan jeung elmu (Kitab Suci) Nu Maha Kawasa mah moal bisa diturutan ku
jalma, nyata Sucina, matak kuring mah sok helok ngabandungan laku manusa nu
leuwih miajen jeung leuwih ngamumule Kitab Suci Agama nu diagemna tinimbang
dirina, malah aya nu rela ngorbankeun dirina demi keur ngabela eta Kitab.
....Nya mangga, eta mah soal pilihan hirup.
AA: Sim kuring mah teu helok, teu heran, da kapan eta teh Catetan atawa BUKU nu
ngadokumentasi DAWUHAN GUSTI Nu Murbeng Alam. Piraku diantep onaman atuh.
Da sanes sabuku bukuna atuh; eta mah Dawuhan anu Kagungan sagalana ?
Sedengkeun Iblis anu berjasa wae kenging bebendon kapan ? Atuh komo urang ? nu
memang diparentah kudu ngatur Dunya; tah dibere cecekelan, nya eta Kitab Suci,
nya merenah weee mun dibela ge. Tapi eta ge mun ihlas, da aya oge meureun nu
ngan ukur WAH !
Kumaha Sholatna jeung Syahadatna ?,
Ajaran luluhur Sunda teu ngenal kecap sholat, nu aya mah Sembahyang tina kecap
sembah + hyang, nu hartina Manembah/kumawula ka Gustina. Tah dina raraga
kumawula teh tangtu mudu dikanyahokeun heula saha nu rek dikawulaan jeung saha
nu kumawulana, anu tangtos kedah nganyahokeun heula saha Kuring jeung saha
Gusti Kuring, saha diri kuring jeung saha wujud Gusti Kuring, matak sok
dimimitian heula ku maca jeung ngaji diri : Saha jeung timana ari dat nu aya
dina diri naon bae pangawasa nu aya dina diri, timana asalna jeung naon
pancenna, sanggeus kapendak nya atuh geura saadatkeun, lamun rumasa dijadikeun
manusa asal ti Nu Maha Kawasa atuh geura saluyukeun make adatna manusa nu
ngabogaan sifat welas asih, lamun ngarasa jeung rumasa dikersakeun jadi mahluk
pangunggulna tinimbang mahluk gusti nu liana, nyata ku lengkepna pangawasa
titipan ti Nu Maha Kawasa atuh tangtu ngabogaan pancen pikeun ngatur dunya
(ceuk wayang mah Sanghyang Jagatnata) sangkan di dunya
mulus rahayu berkah salamet silih pikawelas pikaasih keur sakabeh mahluk
pangeusi dunya, da dunya teh keur sarerea lain ngan ukur keur manusa tapi oge
keur sakabeh mahlukNa, tinangtu di dunya kudu ngajalankeun kaadilan. Tah lamun
geus dipercaya ku Gusti jadi urang Sunda (da pan lain meunang nawar urang jadi
urang Sunda teh, estu ku KersaNa), atuh prak geura saadatkeun numutkeun adat
jeung budaya bangsana, da matak aya adat jeung budaya di saban bangsa ge tangtu
oge kenging rahmat atanapi kersaning Gusti oge, prak geura pigawe. Tah lamun
urang geus nganyahokeun kalayan rumasa jeung tumarima kana kersaning Gusti,
tangtu sah adatna lamun manusa sunda ngajalankeun kamanusaan pikeun mancen gawe
ngilu ngatur dunya, hususna di lemah-caina nu didumasaran ku welas asih,
kalayan make cara ciri jeung adat budaya Sunda nu ngurus dirina sangkan
cageur-bageur- bener-pinter- jujur jeung salamet, ngamumule lemah-caina, miajen
jeung mituhu ka luluhurna, kumawula ka
gustina make basa jeung budaya nu sorangan teu kudu nginjeum basa jeung budaya
deungeun, tinangtu sah adatna.
AA: Satuju pisan, memang sakedahna kitu, eta nu kenging pituduh ti Gusti Nu
Maha Kawasa. Tapi ari sim kuring mah ku sabab Nabi Muhammad SAW oge nampi Wahyu
ti AnjeunNa sanes ti Iblis; cenah Sahadat teh kedah LaaIlaaHa Illa Allah;
Muhammadar Rasuulullah. Tah atuh dugi ka ayeuna ge eta weee syahadat sim kuring
mah. Lantaran kayakinan sim kuring Muhammad bin Abdullah teh Nabi panungtung,
punten.
Tah nu kacatur di luhur nu disebut sembahyangna urang Sunda baheula mah, jadi
lain muja-muji ka Pangeran da bisa ngucap jeung nyarita teh estu ku pangawasa
Maha Ucap Anjeuna, lain sumbuh sembah ka Pangeran da bisa obah ngalangkah teh
estuning ku pangawasa Maha Hirup Anjeunna, tara puntu-penta ka Pangeran da
Gusti mah Maha Uninga, naon bae nu dipilampah jeung nu dipikabutuh mahlukna
Gusti mah tos Uninga kukituna Anjeuna parantos netepkeun hukum-hukumNa, jadi
sagalana di Gusti mah geus nyampak, maenya ngiriman cai ka lautan.
AA: Punten, Memang Gusti Nu Murbeng Alam sagala Uninga; ngan wae Anjeunna
marentah he Manusa maneh pek menta ka Kami.
Sarengna deui manusa kapan kedah USAHA; ari Do'a eta teh salah sahiji Usaha
manusa. Sanes cangcaya ka Gusti, mung parentah tea sareng Usaha. Da kapan Gusti
Nu Uninga; tapi urang mah OLOL LEHO pisan; teu terang urang ka na Qadha sareng
Qadar anu bakal tumiba. Ku margi kitu, urang NU butuh, sanrs Gusti Nu butuh. Da
kapan ti zaman janggawareng oge dina Carita2 Pantun ssjbn, seueur nu
nyarioskeun tatapa ngisat salira; naon eta hartosna ? Hartosna mementa ka nu
Mere Sagalana hiji atawa sababaraha hal. Arjuna oge kapn mementa Senjata tah ka
Dewa. Ai ngadu'a mah eta teh hiji hl anu hade pisan; sanes Gusti nu teu Unnga;
tapi urang nu butuh! Da moal enya Gusti mwarang ngadu'a ka mnusa mun teu aya
gunana mah ?
Jadi tinggal prak migawe kamanusaan saluyu jeung kudratna ti Nu Maha Kawasa
dan eta memang Kersana, matak ceuk dulur-dulur ti Kanekes mah geus dijadikeun
papagon hirup sapopoe pikeun “tapa di mandala” nu hartina prak digawe molah
alam kalayan ngajaga kasucian alam raya (buana ageung) jeung ngajaga kasucian
buana alit (diri) ku tekad ucap jeung lampah nu hade luyu jeung papagon
kamanusaan.
AA: ae eta ge, ngan asa teu aya bedana nu percaya ka Gusti sareng henteu; da
kapan Atheis oge ari tujuanana mah cenah kamanusaan tea.
Nya dina raraga rumasa jeung tumarimana ka Nu Kawasa, osok oge ngajalankeun
laku Heneng-Hening- Eling-lan Waspada, nu intina namperkeun rasa, pikir elingan
jeung kuringna pikeun nganuhunkeun Agungna ka Gusti Nu Maha Suci, jembarna ka
Ibu Pertiwi (bumi) jeung Rama Angkasa (langit), oge ka Indung-bapa jeung ka
para luluhur oge ka pangkon rasa sabudeur awun, rehna rumasa jeung tumarima
geus dibere sagala kanikmatan, kalayan nyata kawelas-kaasihNa, atuh dina
amitsunna cukup dina batin bae kalayan make basana sorangan nu kaharti ku
dirina. Apan Gusti mah ngarti (Maha Uninga) kana sagala basa, karek kereteg ge
geus kanyahoan (kitu sanes?).
AA: Nya ari ka nu dipasihan "ilapatna" kedah kitu mah, nya mangga wae. Tapi ari
abdi mah Langsung aya seratanan ti Gusti Nu Maha Kawasa ngaliwatan Muhammad bin
Abdullah; jadi aya oge kacindekan teu kudu neangan sorangan model kang Ruswana.
Jadi fully documented tea panginten; ari Kang us mah panginten nampi Ti Gusti
kedah kitu teh, tapi bari teu didokumentasikeun.