Baraya sadaya,
Kuring salah sahiji jalma anu teu satuju kuayana fiskal luar negeri teh. Alesan 
logikana kieu:
Fiskal luar negeri teh mangrupa upaya pamarentah keur nagih pajeg pangasilan 
keur jalma anu indit ka LN. Upama anu ka LN tea ngaleuwihan taun fiskal 
(desember), mangka manehna teu bisa mayar pajeg keur taun anu geus kaliwat (na 
keur di LN tea). Tah pamarentah teh nyokot heula pajegna di hareup daripada teu 
meunang nanaon. Jeung deui baheula mah, ngan jelema jegud hungkul anu ka LN 
teh, jadi sing saha anu ka LN pasti boga pangasilan gede.
 
Sabenerna mah fiskal LN teh pajeg pangasilan anu dibayar tihareup (bayar 
dimuka), jadi bisa dibalitung keun diakhir taun mangrupakeun kridit pajeg. 
Contona: Kang Maman kudu mayar pajeg taun 2008 Rp. 30 juta, kusabab di 
bulan Juli 2008 ka Amsterdam mayar fiskal Rp1juta, jadi anu kudu dibayar 
kakurangana nyaeta Rp.29 Juta.
 
Tapi kusabab dalarapkeun ka sakabeh jalma anu ka LN, ceuk kuring mah hal ieu 
ngarumpak kana prinsip "pajeg pangasilan". Ngarana oge pajeg pangasilan, lamun 
ngahasilkeun, kakara dipajeg. Anu teu ngahasilkeun mah teu wajib mayar pajeg.
 
Teu kitu ari fiskal mah, kang Maman ka Amsterdam arek nganjang kanu ngora, arek 
tatamba, arek ngalongok incu, arek ngalongok baraya, atawa ngan ukur pelesir, 
tetep kudu mayar pajeg. Padahal can tangtu dina inditna ka LN teh bakal 
meunangkeun pangasilan.
 
Tapi kumaha ayeuna lamun kang Maman di taun 2008 teu kudu mayar pajeg deui, da 
pangasilana geus dipajegan tiap bulan dikantorna. Tah anu Rp.1juta teh bisa 
dicokot deui nyaeta di restitusi atawa dibalitungkeun keur taun hareup..
 
Tapi teu sagampang kitu kanyataana lamun urang ngiriditkeun fiskal, 
waduh ...seuseut seuat, loba pisan alesana tah si tukang pajeg teh. 
 
Anu leuwih karunya keur TKI, kakara oge arek indit digawe geus dipajeg tiheula.
 
Fiskal teh geus ngabodokeun bangsa indonesia, jadi jalma kurung batok, teu 
nyaho dunya. Sabab arek indit ka LN wae kudu mayar pajeg. Beda jeung Filipina, 
pamarentahna ngadorong pisan ka rayatna anu rek ka LN, mangka tong heran urang 
Filipina mah aya dinagara-nagara diantara kutub kaler jeung kidul.

Obay (nu geuleuh ka fiskal luar negeri)
~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~
 
Posted by: "Rahman" [EMAIL PROTECTED]   rsyaifoel 
Wed Dec 3, 2008 12:28 pm (PST)
> Namun Ketua Harian Yayasan Lembaga Konsumen Indonesia (YLKI) Husna 
> Zahir berpendapat, untuk menaikkan tarif fiskal perjalanan ke luar 
> negeri, pemerintah sebaiknya menyerap dulu aspirasi masyarakat. 
> "Pungutan itu untuk apa? Sudah tidak ada lagi negara yang memungut 
> biaya fiskal untuk bepergian ke luar negeri," kata Husna.
> 

Puguh teu kaharti ieu teh nya, ari fiskal model kieu naon dasar hukum 
na nya? Cik, anu apal kana hukum pajeg pangdongengkeun, sarsilah ieu 
pajeg indit ka luar nagri.



      

Kirim email ke