AA: Di na masalah ieu kuduna mah Protes ka DPR/DPRD terus dipertimbangkeun jst jst Da memang loba nu teu asup akalna tah si Fiskal teh. Tapi mun di milis wungkul saeutik pisan pangaruhna. Coba ayeuna mh urang gerakkeun atuh sebut we gerakan anti Fiskal; mudah2an nepi tah ka DPR. Da nepi ka ayeuna kangeunahan we tah si pamarentah nagihan fiskal LN teh.
--- On Thu, 12/4/08, sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] Re: fiskal? To: [email protected] Date: Thursday, December 4, 2008, 1:48 AM Baraya sadaya, Kuring salah sahiji jalma anu teu satuju kuayana fiskal luar negeri teh. Alesan logikana kieu: Fiskal luar negeri teh mangrupa upaya pamarentah keur nagih pajeg pangasilan keur jalma anu indit ka LN. Upama anu ka LN tea ngaleuwihan taun fiskal (desember), mangka manehna teu bisa mayar pajeg keur taun anu geus kaliwat (na keur di LN tea). Tah pamarentah teh nyokot heula pajegna di hareup daripada teu meunang nanaon. Jeung deui baheula mah, ngan jelema jegud hungkul anu ka LN teh, jadi sing saha anu ka LN pasti boga pangasilan gede. Sabenerna mah fiskal LN teh pajeg pangasilan anu dibayar tihareup (bayar dimuka), jadi bisa dibalitung keun diakhir taun mangrupakeun kridit pajeg. Contona: Kang Maman kudu mayar pajeg taun 2008 Rp. 30 juta, kusabab di bulan Juli 2008 ka Amsterdam mayar fiskal Rp1juta, jadi anu kudu dibayar kakurangana nyaeta Rp.29 Juta. Tapi kusabab dalarapkeun ka sakabeh jalma anu ka LN, ceuk kuring mah hal ieu ngarumpak kana prinsip "pajeg pangasilan". Ngarana oge pajeg pangasilan, lamun ngahasilkeun, kakara dipajeg. Anu teu ngahasilkeun mah teu wajib mayar pajeg. Teu kitu ari fiskal mah, kang Maman ka Amsterdam arek nganjang kanu ngora, arek tatamba, arek ngalongok incu, arek ngalongok baraya, atawa ngan ukur pelesir, tetep kudu mayar pajeg. Padahal can tangtu dina inditna ka LN teh bakal meunangkeun pangasilan. Tapi kumaha ayeuna lamun kang Maman di taun 2008 teu kudu mayar pajeg deui, da pangasilana geus dipajegan tiap bulan dikantorna. Tah anu Rp.1juta teh bisa dicokot deui nyaeta di restitusi atawa dibalitungkeun keur taun hareup.. Tapi teu sagampang kitu kanyataana lamun urang ngiriditkeun fiskal, waduh ...seuseut seuat, loba pisan alesana tah si tukang pajeg teh. Anu leuwih karunya keur TKI, kakara oge arek indit digawe geus dipajeg tiheula. Fiskal teh geus ngabodokeun bangsa indonesia, jadi jalma kurung batok, teu nyaho dunya. Sabab arek indit ka LN wae kudu mayar pajeg. Beda jeung Filipina, pamarentahna ngadorong pisan ka rayatna anu rek ka LN, mangka tong heran urang Filipina mah aya dinagara-nagara diantara kutub kaler jeung kidul. Obay (nu geuleuh ka fiskal luar negeri) ~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~ Posted by: "Rahman" [EMAIL PROTECTED] com rsyaifoel Wed Dec 3, 2008 12:28 pm (PST) > Namun Ketua Harian Yayasan Lembaga Konsumen Indonesia (YLKI) Husna > Zahir berpendapat, untuk menaikkan tarif fiskal perjalanan ke luar > negeri, pemerintah sebaiknya menyerap dulu aspirasi masyarakat. > "Pungutan itu untuk apa? Sudah tidak ada lagi negara yang memungut > biaya fiskal untuk bepergian ke luar negeri," kata Husna. > Puguh teu kaharti ieu teh nya, ari fiskal model kieu naon dasar hukum na nya? Cik, anu apal kana hukum pajeg pangdongengkeun, sarsilah ieu pajeg indit ka luar nagri.
