leres Kaseeep, .................. Basa Sundik (Soendic) teh anu disebut Proto-Austronesian, dikupas dina disertasina Bernd Nothofer ; THE RECONSTRUCTION OF PROTO-MALAYO-JAVANIC. Yale University-.Dec.1973. Diguar ti basa induk : Sundanese, Malay, Javanese, Madurese. Dulur uin Adang Affandi ti Damas, masihan copyna ka uin. Anahoreng anjeunna ngiring ngabantos kggo disertasina si Bernd N. tea.( disebat dina ucapan terimakasih dibukuna). Nah , kg Adang tea anu ngabejer beaskeun wirehna, Proto Malayo-Javanic teh identik sareng Proto Soendic anu ngakar di Proto-Austronesian tea. Uin kantos ngaguar samemehna di milist, mung kasindiran bae ku kg Emha, asa Sunda pangkolotna bae cenah, da kumaha di datana kitu pisan. Nu langkung paosna mah tiasa dikonfirm ka Ambu. da widangna.didinya.
________________________________ From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, December 4, 2008 12:57:38 PM Subject: [kisunda] Bahasa Sundik Kecap sunda oge asana mah dianggo janten ngaran kulawarga bahasa di Asia Tenggara nu disebut bahasa Sundik. Leres kitu? ________________________________ From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, December 4, 2008 12:03:32 PM Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III) Kang Kumi oge baraya sadaya, Kang Hidayat Suryalaga (abah Surya), dina buku "Kasundaan Rawayan Jati" parantos ngempelkeun harti-harti kecap Sunda anu dicandak tina sababaraha basa numutkeun kamus, diantarana tina kamus/Basa Sansekerta, kamus/Basa Kawi, kamus/Basa Sunda, kamus/Basa Jawa, kamus/basa Kawi-Perancis, basa/kamus Arab, jeung dumasar kajian geografis/geologis. Anjeunna (abah Surya) nyutat eta harti-harti kecap Sunda teh tina karya tulis Drs. Mamun Atmamihardja anu judulna "Sejarah Sunda I", wedalan penerbit Ganaco N.V, taun 1958. Dumasar tina karya pangersa R. Mamun Atmadihardja di luhur anu dipedar sareng dieuyeuban ku Abah Surya sakumaha dina buku "Kasundaan Rawayan Jati", teu kurang ti 30 harti atawa maksud kecap "SUNDA". Nyaeta kalawan singget jeung anu diteundeung dina jero kurung panungtung ngarupakeun panujulanana atawa asal basa/kamus anu ngamuat kecap Sunda ..
