ngahaturkeun nuhun kana pangdeudeul ti ambu nu parantos ngadugikeun
penjelasan ngeunaan sunda tina sudha :sampurna - herang  
ngagenclang - putih - bersih - cemerlang - gemerlap  ==teras janten sunda.

sapangemut eta teh nudimaksad ku  =kalam kasundaan = nu ngadukung kana
hartos sunda teh "cahaya"...tapi cahaya jatina mah sunda eusi sunda
asal sanes nu katempo ku mata namung nu kahontal ku rasa kan cariosana
ge caang padang, herang gumilang tanpa wayangan, ati putih, sunda
dumeling jsste.  tiasa kahontal mun papat kalima pancerna sada matak
jadi kalima na sada jrrd jargon-jargon ulikan nu nyilibkeun eta maksad
sunda jati.

mung rada ngahanjakalkeun ka sabagian wargi..nu enggal
nyimpulkeun/apriori/ 'kirang' hanif bari/tapi teu  ngaos heula kalawan
tenget maksad 'kalam kasundaan' sareng ari ditaros deui teu (teu acan)
ngawaler...janten rada sesah neraskeunana.

raraosan mah - da tos 8 taun didugikeun- sanes  produk
arab/india/cina/latin ngan (dina bab II) ku nganggo cara islam
muhammad ge tiasa. nempatkeun yen ulikan sunda ge TAUHID/HAq/universal
ngan benten carana. 

matak ka  sabagian kawargian cobi tengetan deui kalam kasundaan teras
komentarna per paragraph....he...he... nu mana teu balegna???

saleresna nu penting mah ngabuktoskeunana - mendakan 'modem'na tea- da
kahartos ge  lamun teu karaos tur teu buktos mah cumah. (didinya ge
sim abdi umajak mun bohong ceuk heureuyna mah...kiihan we nu nulisna)
saukur ngalamun sareng ngira-ngira eta mah sanes kayakinan/ageman. 
supaya kapendak yen eta empirik hartosna saha wae asal make metodana (
bis ku cara sunda atawa cara Islam Muhammad) hasilna kapendak
sami/kahontal nu kumaha ari SUNDA JATI/EUSI/ASAL teh.  janten
kasundaan teh sing leuwih gaduh tempat nu kamulyakeun ku seuweuna.


- buku-buku lamina mah kapayun upami janten diskusi sehat ku abdi
dikintunkeun ka kisunda -

baktosna
eddy nugraha

--- In [email protected], richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> pangemut pangdeudeul ti abdi manawi aya bahan katampi
> kecap Sunda teh arang pisan referensina... LBSS (penerbit Tarate -
Bandung 1984) ge teu patos lengkap.... 
> 
> anu jelas mah kdah milari karangan2 baheula (hanjakal nu abdi palid
ku banjir 3 kali) 
> ngan aya keeh dina emutan rehna Sunda teh tina Suddha hartosna
sampurna - herang 
> 
> ngagenclang - putih - bersih - cemerlang - gemerlap
> 
> ku kabiasaan letah urang Sunda sok wae disisipan sengau (conto:
Vimba > bingba)
> nya Suddha > sudha - suda > janten SUNDA 
> 
> cobi bandingkeun tina kamus Sanskerta > da di hanteu2 oge pangaruh
basa Sanskerta teh kentel pisan di urang teh... teu tiasa
dibangbalerkeun. 
> 
> Nyanggakeun
> AMBU
> 
> 
> 
> ________________________________
> From: ednugraha <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, December 3, 2008 9:51:50 AM
> Subject: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
> 
> 
> aos geura kang kumi nu abdi sing tenget....eta hartos sunda teh aya
> dina buku  kamus LBSS miwah buku sajarah (referensina di cutat didinya
> supados tiasa di re-check.
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED] .com, "Kumincir Wikidisastra" <kumincir@ .>
> wrote:
> >
> > Manawi aya nu tiasa nuduhkeun ka kuring, dina kamus Sunda anu mana
> kuring
> > kudu neangan harti kecap 'sunda'?
> > 
> > On Sun, Nov 30, 2008 at 7:47 PM, ilen kardani wrote:
> > 
> > >    Patri sakitu oge Abah Djati, diajar kasundaan mah kudu ku cara
> Sunda,
> > > ulah nanyakeun kanu sejen. Siga ngahartikeun Sunda ku bahasa India
> atawa
> > > Latin,,,,,,puguh we teu keuna.
> > >
> > 
> > -- 
> > sikandar
> > kumincir.blogspot. com
> >
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke