sae sae sae, ngan panjang teuing..
kedahna ringkes we tapi pas..
seueur nu teu resep maca tulisan ngajejer jiga tentara.
 
Evolusi sim kuring ngangken aya..
patarosana sanes evolusi na kulan,
namung kunaon aya evolusi ?
naha pangaruh lingkungan (utamina kalakuan manusa) ?
atanapi aya nu ngatur eta evolusi ?
gunana naon kanggo urang ?
 
hehehehe tah uing mah pondok narosna, teu panjang. bilih teu dibaca
heheheh :)

--- On Fri, 5/12/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Teori Evolusi
To: [email protected]
Received: Friday, 5 December, 2008, 6:51 AM






Pedah kamari Kang Halimun nyebat-nyebat Teori Evolusi, nya bade diwaler we 
kaleresan kuring geus di Bandung deui. Kuring moal ngabahas soal eusi teori 
evolusi, sabab eta mah buku-bukuna oge pabayatak, jeung deuih kuring sanes 
akhlina. Tapi kuring ningalina tina kontroversina, Kunaon Teori Evolusi jadi 
kontroversi? sabab loba nu nyampurkeun antara Kayakinan jeung Elmu 
pangaweruh, tungtungna hasilna lain nyambung, malah beuki teu nyambung 
.......

Analogina kieu : Caritana aya nu maot. Jalma-jalma naranyakeun kunaon eta 
jalma teh maot, tangtu jawabanana teh aya dua :
1. Dipundut kunu kagungan (Jawaban kayakinan/ agama)
2. Gering keuna TBC ( Jawaban elmu pangaweruh, pangpangna Dokter).

Jawaban ka 1, teu salah, malah mutlak bener, tapi jawaban 2, bener oge tapi 
masih bisa didebatkeun, sabab bisa wae dokter nu ngubaran salah diagnostik. 
Jawaban ka 1, sanajan bener, teu boga pangaruh naon-naon kana hiji kamajuan 
kesehatan. Ceuk cohagna ari kapalay ceuk Nu Maha Kawasa kitu, terus rek 
naon?. Tapi jawaban 2, kulantaran relatif benerna, bisa didebatkeun, akhirna 
ngadorong manusa nalungtik kaditu-kadieu, supaya jalma nu sejen bisa 
diubaran .....

Nu kontra Teori Evolusi teh ngajawab siga jawaban 1, mangkeluk aya di bumi 
kulantaran diciptakeun kunu Maha Kawasa. Nya parantos dugi kadinya. Teu 
perlu talungtak-talungtik kaditu-kadieu. Beda jeung ceuk teori Evolusi, nu 
aranna mangkeluk teh mucunghul akibat hasil tina proses, nu prosesna 
dimimitian ti ratusan juta taun katukang. Aya mangkeluk nu langgeng tepi ka 
ayeuna, aya nu tumpur jeung aya nu robah (evolusi) nyaluyukeun jeung 
lingkungan.

Bener henteu teori evolusi? Tepi ka ayeuna masih diaranan teori, sabab 
mangrupakeun teori rekontruksi tina kajadian-kajadian katukang, bukti-bukti 
masih dikumpulkeun. Teori Evolusi lir ibarat Teori Pa Pulisi nu hayang muka 
hiji kajadian kriminal, ngan bedana teh teori evolusi mah sigana moal 
anggeus-anggeus, bukti-bukti tetep diteangan, teori terus dibenerkeun, 
saluyu jeung kapanggih bukti-bukti anu anyar.

Naon positifna teori evolusi? Manusa, mangkeluk pangpinterna, jadi sadar yen 
mangkeluk teh bisa tumpur lamun lingkungan teu ngadukung (atawa robah jadi 
monster ...hahahaha) . Jadi lingkungan kudu dijaga supaya manusa tumpurna 
ulah tereh-tereh ....hehehe. Beda jeung nu kontra teori evolusi ( 
penciptaan/ creationsit) : Mangkeluk diciptakeun, tanggtu tumpurna ge 
dipikahoyong ku NU KAGUNGAN, nya keur nanahaon make kudu mikir miara 
lingkungan sagala?

Tah salah sahiji jasana Darwin teh dina Elmu Lingkungan, manehna disebut 
Bapak Elmu Lingkungan. Ayeuna loba jalma nu sadar yen lingkungan teh 
mangaruhan mangkeluk hirup, tapi baheula 150 taun katukang, waktu Darwin 
ngaluarkeun teori-teorina, teu aya kasadaran ieu, maklum harita mah alam 
acan "dirogahala" ku manusa siga ayeuna.

Ah panjang teuing, nu jelas taun 2009 nu rek dipaju, disebut Tahun Darwin ku 
PBB, keur panginget-nginget kana jasa-jasana Darwin .....

Baktos,
WALUYA 

 














      Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now 
http://au.docs.yahoo.com/homepageset/?p1=other&p2=au&p3=tagline

Kirim email ke