Pedah kamari Kang Halimun nyebat-nyebat Teori Evolusi, nya bade diwaler we
kaleresan kuring geus di Bandung deui. Kuring moal ngabahas soal eusi teori
evolusi, sabab eta mah buku-bukuna oge pabayatak, jeung deuih kuring sanes
akhlina. Tapi kuring ningalina tina kontroversina, Kunaon Teori Evolusi jadi
kontroversi? sabab loba nu nyampurkeun antara Kayakinan jeung Elmu
pangaweruh, tungtungna hasilna lain nyambung, malah beuki teu nyambung
......
Analogina kieu : Caritana aya nu maot. Jalma-jalma naranyakeun kunaon eta
jalma teh maot, tangtu jawabanana teh aya dua :
1. Dipundut kunu kagungan (Jawaban kayakinan/ agama)
2. Gering keuna TBC ( Jawaban elmu pangaweruh, pangpangna Dokter).
Jawaban ka 1, teu salah, malah mutlak bener, tapi jawaban 2, bener oge tapi
masih bisa didebatkeun, sabab bisa wae dokter nu ngubaran salah diagnostik.
Jawaban ka 1, sanajan bener, teu boga pangaruh naon-naon kana hiji kamajuan
kesehatan. Ceuk cohagna ari kapalay ceuk Nu Maha Kawasa kitu, terus rek
naon?. Tapi jawaban 2, kulantaran relatif benerna, bisa didebatkeun, akhirna
ngadorong manusa nalungtik kaditu-kadieu, supaya jalma nu sejen bisa
diubaran .....
Nu kontra Teori Evolusi teh ngajawab siga jawaban 1, mangkeluk aya di bumi
kulantaran diciptakeun kunu Maha Kawasa. Nya parantos dugi kadinya. Teu
perlu talungtak-talungtik kaditu-kadieu. Beda jeung ceuk teori Evolusi, nu
aranna mangkeluk teh mucunghul akibat hasil tina proses, nu prosesna
dimimitian ti ratusan juta taun katukang. Aya mangkeluk nu langgeng tepi ka
ayeuna, aya nu tumpur jeung aya nu robah (evolusi) nyaluyukeun jeung
lingkungan.
Bener henteu teori evolusi? Tepi ka ayeuna masih diaranan teori, sabab
mangrupakeun teori rekontruksi tina kajadian-kajadian katukang, bukti-bukti
masih dikumpulkeun. Teori Evolusi lir ibarat Teori Pa Pulisi nu hayang muka
hiji kajadian kriminal, ngan bedana teh teori evolusi mah sigana moal
anggeus-anggeus, bukti-bukti tetep diteangan, teori terus dibenerkeun,
saluyu jeung kapanggih bukti-bukti anu anyar.
Naon positifna teori evolusi? Manusa, mangkeluk pangpinterna, jadi sadar yen
mangkeluk teh bisa tumpur lamun lingkungan teu ngadukung (atawa robah jadi
monster ...hahahaha). Jadi lingkungan kudu dijaga supaya manusa tumpurna
ulah tereh-tereh ....hehehe. Beda jeung nu kontra teori evolusi (
penciptaan/ creationsit): Mangkeluk diciptakeun, tanggtu tumpurna ge
dipikahoyong ku NU KAGUNGAN, nya keur nanahaon make kudu mikir miara
lingkungan sagala?
Tah salah sahiji jasana Darwin teh dina Elmu Lingkungan, manehna disebut
Bapak Elmu Lingkungan. Ayeuna loba jalma nu sadar yen lingkungan teh
mangaruhan mangkeluk hirup, tapi baheula 150 taun katukang, waktu Darwin
ngaluarkeun teori-teorina, teu aya kasadaran ieu, maklum harita mah alam
acan "dirogahala" ku manusa siga ayeuna.
Ah panjang teuing, nu jelas taun 2009 nu rek dipaju, disebut Tahun Darwin ku
PBB, keur panginget-nginget kana jasa-jasana Darwin .....
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/