Ari aya nu nyebut Balikpapan teh sok inget baheula basa ngumbara taun 94~97..
Kakara harita kuring ngasaan sate sapi, da weleh teu manggih sate embe mah
nepika dipindahkeun deui.
Ceuk kuring mah Balikpapan mah alus keur menikmati hirup, sagala aya, kotana
meujeuhna, transportasi babari. Angkot wae lamun dititah nganteurkeun ka jero
gang nepi ka hareupeun imah daekeun, jeung panumpang sejen euweuh nu protes da
geus ilahar.
Sok nineung teh: Kebon sayur, Bondi, Klandasan, Benakutai, menjangan cabe
kering make mantau di blue sky, manggar, Dusit. Bah Abas Amin, araya keneh kitu
anu disebut ku kuring?
Harita mah mimiti aya hero jeung matahari teh di Balikpapan samemeh di
Samarinda, jadi lamun minggu sok loba beus ti Samarinda pelesir ka Balikpapan.
Obay
~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~
Posted by: "mj" [EMAIL PROTECTED] mangjamal
Thu Dec 4, 2008 8:08 pm (PST)
tadi peuting ki adi panengah nelpon ti Tumbilaloka (Balikpapan versi KUSnet),
nanya ngaran Gupernur Jabar, bisi salah nyebut cenah. Nya Ahmad Heryawan..
aya naon kitu? cenah poe ieu gupernur rek ka balikpapan, rek masrahkeun
sumbangan mangrupa saparangkat waditra degung. cenah basa PON, gupernur jabar
urang sukabumi ieu teh panggih jeung kumpulan urang sunda di balikpapan-
ngarana Paguyuban Parahyangan, diperedih sangkan bisa nyumbang alat musik
degung. ke peuting cenah acarana di hotel bentang lima gran senyiur kitu.
ki adi panengah ngumbara ka Balikpapan, muka usaha perumahan PT Telaga Mas
cenah deukeut bandara Sepinggan-can kungsi ngalongok, karek ningal fotona. ki
adi panengah sakolana ti arsitektur Undip. tah ka fans Undip, aya balad di
Tumbilaloka. haha.
si kuring ka balikpapan karek sakali basa manehna kawin. di urus ku kang Kosam
nu damel di pertamina. harita kungsi dajajap kang Kosam ka bumi bah Abas Amin.