Aya kulan, malah nambahan ku nu alanyar ayeuna mah. Angkot mah nepi ka ayeuna ge masih bisa gegelehean tah. Da asa loba keneh angkotna ti batan penumpangna di Balikpapan mah. Asa na mah moal aya weee di saNusantara nu kitu th.. Hahahaha. Duka tah 5 taun deui mah, da ayeuna sigana sering macet jalan teh.
--- On Fri, 12/5/08, sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] Re:beja ti tumbilaloka To: [email protected] Date: Friday, December 5, 2008, 7:20 AM Ari aya nu nyebut Balikpapan teh sok inget baheula basa ngumbara taun 94~97.. Kakara harita kuring ngasaan sate sapi, da weleh teu manggih sate embe mah nepika dipindahkeun deui. Ceuk kuring mah Balikpapan mah alus keur menikmati hirup, sagala aya, kotana meujeuhna, transportasi babari. Angkot wae lamun dititah nganteurkeun ka jero gang nepi ka hareupeun imah daekeun, jeung panumpang sejen euweuh nu protes da geus ilahar. Sok nineung teh: Kebon sayur, Bondi, Klandasan, Benakutai, menjangan cabe kering make mantau di blue sky, manggar, Dusit. Bah Abas Amin, araya keneh kitu anu disebut ku kuring? Harita mah mimiti aya hero jeung matahari teh di Balikpapan samemeh di Samarinda, jadi lamun minggu sok loba beus ti Samarinda pelesir ka Balikpapan. Obay ~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~ Posted by: "mj" [EMAIL PROTECTED] ac.id mangjamal Thu Dec 4, 2008 8:08 pm (PST) tadi peuting ki adi panengah nelpon ti Tumbilaloka (Balikpapan versi KUSnet), nanya ngaran Gupernur Jabar, bisi salah nyebut cenah. Nya Ahmad Heryawan.. aya naon kitu? cenah poe ieu gupernur rek ka balikpapan, rek masrahkeun sumbangan mangrupa saparangkat waditra degung. cenah basa PON, gupernur jabar urang sukabumi ieu teh panggih jeung kumpulan urang sunda di balikpapan- ngarana Paguyuban Parahyangan, diperedih sangkan bisa nyumbang alat musik degung. ke peuting cenah acarana di hotel bentang lima gran senyiur kitu. ki adi panengah ngumbara ka Balikpapan, muka usaha perumahan PT Telaga Mas cenah deukeut bandara Sepinggan-can kungsi ngalongok, karek ningal fotona. ki adi panengah sakolana ti arsitektur Undip. tah ka fans Undip, aya balad di Tumbilaloka. haha. si kuring ka balikpapan karek sakali basa manehna kawin. di urus ku kang Kosam nu damel di pertamina. harita kungsi dajajap kang Kosam ka bumi bah Abas Amin.
