kang halimun,
pami mairan sakumaha oge ka anggota milis nu tos lami di ieu milis,
teu sawios, da tos terang da milis mah bebas wae,... insya Alloh
urang2 mah jembar dikeleketek kumaha oge, moal emosi...
tapi pami mairan ka nu nembe lebet (anggota anyar/ sapertos kang
dani), cobi tong ngiring mairan ku basa nu awon,...
urang boga tanggung jawab dadasar,.. kabeh kudu nyieun suasana nu
kondusif ka anggota anyar, meh aranjeuna baretaheun di ieu milis.
punten kanggo moderator,
sadayana oge aya batasna,....
hawatos kang dani nu nembe lebet ka ieu milis, langsung meunang respon
anu teu matri.
nu sapertos kang halimun teu kedah dicegah, mung dibatasi utamina ka
nu anggota anyar, bilih ieu milis janten teu kondusif.
kang halimun, mangga teraskeun tembalan2 nana, reueus abdi mah kang,
lumayan kanggo uji mental jeung kasabaran,...
sumuhun, abdi teh jalmina gede ambek, justru kang halimun tiasa
dijadikeun latihan nahan kasabaran simkuring,...
moal bendu abdi mah kang, da nuju diajar nyunda,...
sugan jadi latihan diri nu efektif kanggo nyanghareupan perjuangan
sunda kahareup nu musuhna ti sagala arah.
pan nyanghareupan gajah, urang kudu latihan ngalawan sireum ateul
heula,...
rampes, rahayu...
=roch=
still enjoying sunda
nb: kunaon kang nong, naha teu tawakal?
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/